Tos lami sim kuring teu muka ieu millis, maklum nuju nyaba. Asa kacida pisan tah novel perang bubat karangan tangkurak kresna, cik atuh ari teu apal kana sajarah mah ulah sok nyanyahoan, minculak siah!!. Regeupkeun ku sia Kresna!! Aing sok make mantra jeung ajian Gajah Mada eta teh warisan ti karuhun, teu hade mun aing (sunda) mikangewa ka urang jawa anapon sabalikna. Karuhun aing teh weruh sadurung winara waspada permana tinggal kari-kari ieu erek dihurup ku wadya balad majapahit anu kasebut perang bubat tea, lain oge waspada atuh ari kitu mah. Jadi pikeun aing ti baheula oge geus panceug yen PERANG BUBAT teh euweuh dikieuna. Lamun seug wani-wani nyebut aya, lewih hade urang ngadu tuur weh jeung aing.
Sakitu... --- In [email protected], Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Aya deui selentingan, yen karuhun Gajah Mada urang Tangerang (kiwari), > asup kana akal, apan Raden Wijaya teh kasebatna pangeran mahkota karajaan > Sunda/Pajajaran, waktos raden Wijaya masih burey, ramana (raja Sunda/Pajajaran) > tilar dunya, ibuna Lembu Tal (urang wetan) saparantos caroge pupus, asa nunggelis > di karajaan Sunda/Pajajaran, nyuhunkeun mulih ka wetan. > Waktos mulih ka wetan, Lembu Tal/Prameswari sareng raden Wijaya/Pangeran > mahkota tangtos dikawal ku wadya balad ti karajaan Sunda/Pajajaran. > Salah sawios wadya balad anu ngawal ka wetan aya karuhunna Gajah Mada, > duka akina duka buyutna. > Seuseueurna ieu wadya balad anu ngawal, satia ka raden Wijaya, tetep renggenek > di wetan. > Mung bae, diantawis sakitu seueurna wadya balad anu ngawal tangtos aya hiji dua > jalmi anu henteu tiasa narima kana ieu pancen, tina teu tarima janten aral, tina aral > janten ijid kanu nugaskeun. > Salah sawios golongan ieu, diantawisna karuhun Gajah Mada, kaijid ieu diwariskeun > ka anak incuna, matakna teu heran upama Gajah Mada ijid ka karajaan Sunda. > Janten ambisi nalukkeun karajaan Sunda, alesanana taya lian males pati ka karajaan > Sunda. > > Wallaahu alam, ieu mah ngacapruk. leres henteuna mah nyanggakeun ka para akhli > kanggo nalungtikna. > > Pihatur, > ssw > > > > Waluya [EMAIL PROTECTED] > Cenah, aya nu boga pamadegan yen Gajah Mada teh sabenerna urang sabrang, > tepatna Urang Minang. Duka data timana eta teh. Yamin sigana mah ka obsesi > pisan ku Nasionalismeu Indonesia. Kuring boga peta sajarah Indonesia meunang > Yamin, ku anjeunna wilayah Majapahit teh "dijieun" kacida legana, malah > leuwih lega tibatan Indonesia. Waktu para arkeolog di Trowulan manggihan > gerabah nu bentukna sirah jalma, ku Yamin langsung dianggap eta teh > beungeutna Gajah Mada. Padahal, cenah mah eta teh cengcelengan jaman > Majapahit da kapanggih loba pisan. Lamun teu salah di Majalah Tempo baheula, > kungsi aya nu nyindir ka Yamin, pedah rurupaan cengcenglengan eta teh rada > ngaharib-harib jeung pameunteu Yamin ...hehehehe. Nu nulis lain jalma > jore-jore, urang Sunda, lah ...hilap deui namina mah, tapi salah sawios > intelektual Nasional. > > Baktos. > WALUYA > > > > Recent Activity > > 16 > New Members > > 18 > New Photos > > Visit Your Group > SPONSORED LINKS > > Culture change > Corporate culture > Cell culture > Organization culture > Tissue culture > > Y! Messenger > Instant hello > Chat over IM with > group members. > > Yahoo! Mail > Drag & drop > With the all-new > Yahoo! Mail Beta > > Hellmann¿s Official > Real Food Group > on Yahoo! Groups > find out more. > > > > . > > > > > > http://cikundul3.multiply.com > Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda > Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda >

