Nurutkeun kuring, kang Dudi teh saperti Heinrich Schliemann anu panasaran 
kana kajadian Perang Troya (coba ilikan email kang Kumincir ngeunaan “Naskah, 
Sumber Ilmu yang Terlupakan” tulisan pa Aya rohaedi).
   
  Noong tina sababaraha ramat loka, perang Troya cenah mah kapanggih dina 
naskah puitis warisan Yunani Kuno. Carita perang Troya oge cenahmah 
disabit-sabit dina naskah kuno bangsa lainna nyaeta bangsa Romawi. Henreich 
Schuraschev, eh maksud teh Hendrik Schliemann panasaran naha Perang Troya teh 
bener kajadian.
   
  Perang Bubat katimu di Bali dina naskah Kidung Sunda (dicaritakeun ku urang 
Jawa meureun da bahasana make bahasa Jawa kuno). Carita ieu oge katimu dina 
naskah Carita Parahyangan di Tatar Sunda (dicaritakeun ku urang Sunda). Perang 
Bubat oge aya dina naskah Pararaton (daerah Jawa?). Kang Dudi panasaran naha 
Perang Bubat teh bener kajadian. Jadi kang Dudi saperti kang Heinrich.
   
  Dumasar kana eta naskah ditafsirkeun tempat kajadiannana di lintasan jalur 
sutra antara Eropa jeung Asia nyaeta di wilayah bagian Turki kiwari. Henreich 
buleud tekadna ngagali situs di wewengkon Turki eta. Nya kapanggih didinya teh 
sesa-sesa karajaan anu diperkirakeun karajaan Troy.
   
  Balik ka Perang Bubat, naha Perang Bubat aya dina naskah-naskah ”Kidung 
Sunda”, naskah ”Carita Parahyangan”, jeung naskah ”Pararaton”? Naha perang 
Bubat henteu disabit-sabit dina naskah Negara Kertagama? Terus naha gara-gara 
perang Bubat henteu disebut dina Nagara Kertagama terus disimpulkeun Perang 
Bubat teh henteu pernah kajadian? Kumaha atuh cara ngabuktikeunnana yen eta 
perang aya atanapi henteu? Meureun tugas ahli sajarah eta mah pikeun 
ngabuktikeunnana. Lain pikeun ngungkit-ngungkit masa lalu, tapi pikeun meakkeun 
kapanasaran anu bisa jadi elmu pikeun ngeuntung.
   
  Sakuringeun pribadi mah, masih percaya eta kajadian teh bener-bener kajadian 
sabab ngeunteung kana naskah Yunani jeung Romawi oge gening kajadian. Hayu 
urang tungguan wae buktina, sugan jaga kasungsi ku ahli sajarah.
  

Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
hatur nuhun teh herni,
kuring kaasup nu resep ka sajarah. resep ngalieukan ka tukang ;) sugan we nimu 
eunteung nu ningalikeun korodokna beungeut meh gampang ngaberesihanna. 

teh, ieu mah rek babagi pamikiran bae. estuning cekeng wungkul. 
cek kuring, 'sajarah nu kajadian sabenerna' mah euweuh. nu aya ukur 
tapsiran-tapsiran tina bukti-bukti sajarah nu (geus) katimu. sajarahwan bisa 
dipapandekeun jeung ahli tapsir alkitab kaagamaan. kumaha jadina sajarah 
tergantung timana sajarahwan nyokot angel (alah sudut pandang ieu mah lain 
ganjel beuheung haha--sundana?). hiji kajadian, bisa jadi sababaraha versi 
sajarah. (tong boroning sajarah baheula nu pelakuna geus teu bisa ditanya. 
dalah kajadian kamari oge bisa jadi sababaraha carita nu patojaiah.  kumaha 
bae, kajadian di alastlogo.) nu mana nu bener? nya pakuat-kuat argumen jeung 
data-data nu ngadukung we eta mah. 

misalkeun, perang bubat. kajadian ieu aya dina Pararaton, Kidung Sunda, Carita 
Parahyangan, jeung naskah Wangsakerta. tapi euweuh dina naskah Nagarakertagama 
atawa Desawarnana-na Mpu Prapanca. jeung nu ngangkat perang bubat salaku 
sajarah (karak) urang jawa barat wungkul (cmiiw!). ti luar mah komo aya nu teu 
narima sagala. nu mana nu bener? nepi ka ayeuna belah mana bubat-na oge can 
jelas.  

keur kuring kajadian ieu kudu sageuwatna ditembreskeun sajelas-jelasna. sangkan 
dosa babad nu nyababkeun ruksakna karukunan dua tatangga bisa dileungitkeun 
sapisan. kuring teu pati satuju lamun ku alesan ngajaga karukunan, 'gelut' 
ngeunaan perang bubat ieu kudu dieureunan.  

memang hal ieu bagean ahlina. tapi keun wae meureun lamun kuring sakali-kali 
ngarewong ;)

dh








Asep

       
---------------------------------
Choose the right car based on your needs.  Check out Yahoo! Autos new Car 
Finder tool.

Kirim email ke