Kang Iyan wilujeng sumping
(nembean pisan yeuh pribados nyanggakeun pangwilujeng, nembe wantun he...he...)
Mangga sing betah, saur inohong di ieu babakan, ulah pundungan saurna.
(pan eta susuguhna dina layar heu...heu...)
tapi Insya Allah seueur mangpaatna
asal kiat maos na we

baktos
herni



----- Pesan Asli ----
Dari: Noviyan D <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Selasa, 17 Juli, 2007 7:12:02
Topik: [Urang Sunda] nepangkeun

Assalamualaikum 
 
Baraya sadaya, neupangkan pribados Noviyan Darmawan, nya ari panggilan namah 
iyan we 
abdi asli ti cipanas-cianjur ( aya anu ti cipanas?)  tapi ti samet kuliah 
sareng ayeuna damel mah abdi janteun wargi bogor 
Ari status pribados, single upami di milis mah.......  tapi dirorompok mah atos 
aya hiji :D 
dupi damel mah ayeuna abdi di tempat abdi kuliah di bogor.
 
Ari pamaksudan ngiringan milis teh teu aya sanes hoyong manjangkeun tali 
silaturahmi, sareng hoyong ngalancerkeun deui basa sunda pribados, ku sabab 
abdi inggeut ari pas prak kuliah mah, nu kagok teuh ngucap bahasa indonesia 
sareng inggris, eh bet ayeunamah janten sabalikna. Mugi baraya sadayana tiasa 
nampi pribados. 
 
Mung sakitu, perkenalan ti pribados, (lumayan ngadamel surat nganggo basa sunda 
teh seusah geuning....) 
 
Salam Baktos
Iyan - Bogor



      
________________________________________________________ 
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
http://id.yahoo.com/

Kirim email ke