abdi mah di Majalengka teh di KOTAna Kang Dul...
heuheuheu mani reueus nya jadi urang kota...(padahal mah kotana ge rehe nu
aya)
Tah upami Kang Dul ti alun2 bade mudik ka Tenjolayar, pasti ngalangkungan
Binaasih atanapi gedong naon ...meureun ayeuna mah tos gentos nami....
euh STURADA bae lah...uninga sturada?
liren di Sturada ngaler ka jalan Pertanian (caket Rumah Sakit)...tah ti dinya
mah moal bireuk deui Cep Arip anu kasep putra Bu Ijah anu bumina payuneun kator
pertanian anu heubeul bade ambruk. heuheuheu....
nya salam kenal bae panginten ti sim kuring mah...mugi2 urang janten
dulur...iraha ka bogor atuh diantos..
di Jakarta di palih mana?
Dulhalim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tah
tah
.tah
Geuning aya baraya ti Majalengka
Kumaha damang kang Arief?
Nepangkeun abdi oge ti Majalengka.
Ti desa Tenjolayar RT.1 RW.1 Kec. Cigasong Kab. Majalengka Prov. Jawa Barat
Indonesia (meni lengkep
..)
Upami kang Arief Majalengka timana?
Sugan we caket sareng abdi.
Kaleresan abdi oge ayeuna nuju ngumbara di Jakarta
Punten ka sadayana ngiring ngalungkung,
Mangga ahhhh
Perrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrmiossssssssssssssssssssss
---------------------------------
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of arief
priana
Sent: Tuesday, September 18, 2007 1:46 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Kanggo Teh Herni: Macaroni panggang
alaah gening resep nya ngornet (ngobrol dina internet) ku basa
sunda....asa puas ....asa terus kana hate
aeh hilap...nepangkeun wasta mah alip...
dumuk di Bogor..leresan Cibanteng Ciampea (aruninga?).....caket kampus IPB
Darmaga Bogor...tapi asli mah ti Majalengka anu kawentar kecapna nomer satu
sadaya (padahal pabrikna mah seueur heuheu).
Ari pacabakan mah PNS, kantor di jakarta...di manggala tea...tatanggi
anggota dewan yang terhormat.
---------------------------------
Yahoo! Answers - Get better answers from someone who knows. Tryit now.