Kahatur MJ & baraya, Tadi enjing abdi nelepun ka Pa Iyus, naroskeun kintunan tea. Saurna, kamari nampi wartos ti kantor Pos Wado, aya kintunan paket nu kedah dicandak. Tah, Dinten ayeuna bade dicandak. Hatur nuhun pisan ka sadaya baraya Kusnet nu parantos nyumbangkeun buku2 kangge barudak & mudah2an sing mangpaat. Saurna deuih, pami tiasa mah bukuna ditambihan deui...(harrr?...acan2 dios tos nyuhunkeun nambih...heheh).
Saur abdi, engke iraha2 pami ka Cikareo bade diroris, kangge laporkeuneun ka pupuhu sareng baraya Kusnet. ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 07/23/07 10:09AM >>> muhun teh. mung hanjakal salah serat alamat, kedahna SDN Cikareo, kalah ka Cireo. ayeuna nuju diantos kabarna, dugi henteuna. da upami teu dugi, alamat teu aya, ku posna di uihkeun. mj

