Kuring usul kumaha lamun di mimitian ti TK we atuh. Ulah anu muluk2, teu saeutik jalma leutik hayang nyakolakeun barudakna ka TK. Tapi kusabab teu kaduga, jadi teu bisa. Jeungna deui, ceuk kuring mah. Umur TK teh, masa2 kritis nanyakeun jati diri. Teu jarang, budak umur 5 taun nanya ka kolotna: "Allah teh saha?!" Kuring oge geus 3 taun jalan, ngayakeun TK Gratis Alhamdulillah barudak jadi bisa ngaraji (minimal IQRA), jeung kapinteran2 sejena anu teu eleh ku sakola anu mayar. Disebut TK Gratis pedah teu mayar, lain pedah kuring loba duit. Da pagawean ukur guru. Kuring ukur nyadiakeun tanaga, pikiran jeung tempat. Ari gaji guru, alat2 tulis jeung buku barudak mah sok nampi amanat tisaha wae anu percaya. Mung ka Allah, kuring nyuhunkeun ngagentosan ku harta anu langkung seueur, mangfaat jeung barokah! Sok der ah!
--- In [email protected], salman faridi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Leres Aki Tams. Saena mah sakola-sakola haratis teh langkung seueur aya di desa-desa. lajeng anu ngawaragadan eta sakola haratis teh kedah na mah pamarentah sanes swasta. Pamarentah pisan anu, tah kaluar deui kecapna, "tanggel waler" supaya rahayat maju, jembar, luhur elmu beunghar ku pangarti. sanes kitu? > > salman > > Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Alaikumsalam wr wb.- > > Neng Eva Mislia, kumaha damang, masih di detik. com keneh manawi? Neng Eva, punten dugikeun ka neng Tuti, upami ngayakeun sakola gratis mah ulah di Jkt atuh. Langsung sae ka desa-desa wae. Upami di jkt aya sakola kanggo anu miskin kitu, engke tambih sesah nahan arus migrasi desa-kota, margi pasilitas kota jadi tambih ngagupayan urang desa. Alesan para migran engke wios ah miskin oge asal di Jkt, da aya pasilitas+sakola gratis sagala. Kitu cenah???. Tapi upami langsung ka kantong2 daerah miskin, tangtosna kacegat arus migranna, sareng deui desa janten majeng?? Kitu neng Eva, baktos aki tams, hatur nuhun. > > Eva Mislia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamu'alaikum, > > Nyuhunkeun dihapunten sateu acanna...ieu mah mung ngadugikeun amanat ti rerencangan... > Punten nyuhunkeun disebarkeun ka saha wae anu nuju peryogi sakola gratis... > > Wassalam, > ~eVa~ > > > ************************************ > Assalamu'alaikum wr wb, > > Kalau kenal atau mengetahui ada anak miskin atau dari golongan kurang mampu, lulus SD (berijasah) tetapi tidak dapat meneruskan ke SMP, umur max 18 tahun, tinggal di Jakarta Selatan, dapat menghubungi Ibu Ade, Pancoran Timur VIII no. 4B Jakarta 12770 telp. 7990412 HP. 085691500258, untuk selanjutnya akan disurvei, Insya Allah tahun ini akan dibuka sekolah rakyat (SMP terbuka) gratis di Jakarta Selatan khusus untuk anak miskin dan dari golongan tidak mampu, saat ini sedang dilakukan servei dan pendataan siswa. > Demikian saya sampaikan, semoga bermanfaat, amien... > > Wassalam, > Tuti > > --------------------------------- > Shape Yahoo! in your own image. Join our Network Research Panel today! > > > > > > --------------------------------- > Ready for the edge of your seat? Check out tonight's top picks on Yahoo! TV. > > > > > > > --------------------------------- > Boardwalk for $500? In 2007? Ha! > Play Monopoly Here and Now (it's updated for today's economy) at Yahoo! Games. >

