Heu heu heu aaaaaaaaay......

jigana ka inspirasi ku mindengna heuay nya ?
berarti Kang Syam teh boga rasa solidaritas nu gede
beuki mindeng heuay, beuki loba zat solider eta..

Tah .... meh urang boga rasa solidaritas ka sasama,
hayu urang sarerea ngabudayakeun heuay...

hi hi

-dul-


--- In [email protected], "sr" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> HEUAY
> Wadul, mun aya nu ngaku can kungsi heuay, tangtuna sarerea geus 
pada apal nu kumaha ari heuay teh. Komo kana rasana mah, kabeh ge 
pasti satuju yen heuay teh pelem. Pelem kacida. Malahan saking 
pelemna aya nu kadedemes sagala. Unggal menit nya heuay jeung heuay 
we gawena teh. Sanajan pelem, omat kana heuay teh ulah sok kokomoan 
teuing. Bisi kawas batur, gara-gara heuay antukna dibawa karumah 
sakit lantaran heuayna kaliwatan teuing, carehamna teu balik deui, 
alias calangap salawasna, katambah keur calangap teh geleber aya 
entog eunteup kadinya, terus asup bari ludak lodok.
> 
> Ceuk nu pirajeunan ngukur lilana heuay, rata rata sakali heuay 
meakeun waktu genep detik, malahan jalma ngirit mah heuayna ge sok 
diawet awet sadetik sadetik, idealna heuay nu tumaninah meakeun 
waktu 3 menit. Jadi mun diitung salila sajam bisa 20 kali heuay nu 
tumaninah. Sabenerna nu sok heuay teh lain manusa wae, da sato ge 
osok. Sato nu sok heuay diantarana, monyet, kuda, singa jeung maung. 
Cara heuayna ge meh sarua jeung manusa, teu percaya? Pek we 
ngarendeng jeung monyet hareupeun eunteung, heug babarengan heuay. 
Ngan bedana ari manusa mah heuay teh pertanda datang pitunduheun, 
ari sato mah heuay teh tandana lapar. Jadi ulah sakali kali nyodoran 
cikopi pait ka monyet anu keur heuay.
> 
> Nu geulis sok heuay, nu kasep sok heuay, nu goreng patut komo. 
Jadi heuay mah teu pandang bulu kasasaha ge eunteup. Sasatna heuay 
mah geus milik sarerea. Ceuk nu rahul mun hayang ningali kageulisan 
hiji wanoja salian ditingali waktu keur sare, oge bisa disidikeun 
waktu keur heuay. Lamun keur heuay rupana tetep geulis, tah eta nu 
disebut geulis lain pupulasan teh. Tapi sabalikna mun nu goreng 
patut heuay, katingalina jadi geulis. Tah ieu mah, geus teu salah 
deui, kudu gancang dipariksa ka dokter, bisi enya tambah parna 
katarakna. 
> 
> Numutkeun hasil panaluntikan anu can tangtu bener, disatiap otak 
jelema ngancik hiji zat anu ngahudangkeun rasa solider. Zat ieu 
bakal bereaksi, tur sumebar kujalan heuay. Sakilas mah heuay teh 
siga nu tepa padahal nu saenyana sok ngadadak solider mun ningali nu 
heuay.  Hiji conto, dihiji desa keur diayakeun rapat anu dipingpin 
ku pa kades kalayan dihadiran ku para rt. Basa pa kades keur seuri 
mah ngan sababaraha urang nu ngilu seuri, tapi basa pa kades heuay, 
ampir kabeh anu haladir di eta tempat ngilu heuay. Matak pipilueun 
heuay teh cenah solider ka pa kades. Beu! ***SR***
>


Kirim email ke