Heuuuuuwha..wa.wa.wa.... (duh tunduh pisan)
Sora heuay anu sakumaha ditulis diluhur nandakeun jalma anu heuay kacida 
tunduhna. Heuay oge meni bari dicabokan bahamna, tuluy ngabirigidig.... 
beuheung cangkeul, mata karasa cepel..tuluy cireumbay.

Cik..aya sora heuay anu model kumaha deui tah..?

Sok cobian heuay...
Kebo Hideung
  ----- Original Message ----- 
  From: ndoell 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, July 25, 2007 3:11 PM
  Subject: [Urang Sunda] Re: HEUAY


  Heu heu heu aaaaaaaaay......

  jigana ka inspirasi ku mindengna heuay nya ?
  berarti Kang Syam teh boga rasa solidaritas nu gede
  beuki mindeng heuay, beuki loba zat solider eta..

  Tah .... meh urang boga rasa solidaritas ka sasama,
  hayu urang sarerea ngabudayakeun heuay...

  hi hi

  -dul-

  --- In [email protected], "sr" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > HEUAY
  > Wadul, mun aya nu ngaku can kungsi heuay, tangtuna sarerea geus 
  pada apal nu kumaha ari heuay teh. Komo kana rasana mah, kabeh ge 
  pasti satuju yen heuay teh pelem. Pelem kacida. Malahan saking 
  pelemna aya nu kadedemes sagala. Unggal menit nya heuay jeung heuay 
  we gawena teh. Sanajan pelem, omat kana heuay teh ulah sok kokomoan 
  teuing. Bisi kawas batur, gara-gara heuay antukna dibawa karumah 
  sakit lantaran heuayna kaliwatan teuing, carehamna teu balik deui, 
  alias calangap salawasna, katambah keur calangap teh geleber aya 
  entog eunteup kadinya, terus asup bari ludak lodok.
  > 
  > Ceuk nu pirajeunan ngukur lilana heuay, rata rata sakali heuay 
  meakeun waktu genep detik, malahan jalma ngirit mah heuayna ge sok 
  diawet awet sadetik sadetik, idealna heuay nu tumaninah meakeun 
  waktu 3 menit. Jadi mun diitung salila sajam bisa 20 kali heuay nu 
  tumaninah. Sabenerna nu sok heuay teh lain manusa wae, da sato ge 
  osok. Sato nu sok heuay diantarana, monyet, kuda, singa jeung maung. 
  Cara heuayna ge meh sarua jeung manusa, teu percaya? Pek we 
  ngarendeng jeung monyet hareupeun eunteung, heug babarengan heuay. 
  Ngan bedana ari manusa mah heuay teh pertanda datang pitunduheun, 
  ari sato mah heuay teh tandana lapar. Jadi ulah sakali kali nyodoran 
  cikopi pait ka monyet anu keur heuay.
  > 
  > Nu geulis sok heuay, nu kasep sok heuay, nu goreng patut komo. 
  Jadi heuay mah teu pandang bulu kasasaha ge eunteup. Sasatna heuay 
  mah geus milik sarerea. Ceuk nu rahul mun hayang ningali kageulisan 
  hiji wanoja salian ditingali waktu keur sare, oge bisa disidikeun 
  waktu keur heuay. Lamun keur heuay rupana tetep geulis, tah eta nu 
  disebut geulis lain pupulasan teh. Tapi sabalikna mun nu goreng 
  patut heuay, katingalina jadi geulis. Tah ieu mah, geus teu salah 
  deui, kudu gancang dipariksa ka dokter, bisi enya tambah parna 
  katarakna. 
  > 
  > Numutkeun hasil panaluntikan anu can tangtu bener, disatiap otak 
  jelema ngancik hiji zat anu ngahudangkeun rasa solider. Zat ieu 
  bakal bereaksi, tur sumebar kujalan heuay. Sakilas mah heuay teh 
  siga nu tepa padahal nu saenyana sok ngadadak solider mun ningali nu 
  heuay. Hiji conto, dihiji desa keur diayakeun rapat anu dipingpin 
  ku pa kades kalayan dihadiran ku para rt. Basa pa kades keur seuri 
  mah ngan sababaraha urang nu ngilu seuri, tapi basa pa kades heuay, 
  ampir kabeh anu haladir di eta tempat ngilu heuay. Matak pipilueun 
  heuay teh cenah solider ka pa kades. Beu! ***SR***
  >



   

Kirim email ke