Sampurasun ah ngiring ngarewong sakedik....
Sumuhun atuh perkawis tedaeun. Unggal wangsul ka lembur teh da nu di 
prioritaskeun ku sim kuring sakulawadet pasti moro tedaeun sarupaning sirop 
bojong, tahu kupat esah eh ayeuna mah aya tahu kabita di peuntaseun damri, 
teras muter pecel sareng kolek ibu cicih kalektoran, baso  SR (laksana oge 
ketang) weh sareng bubur ayam jenal. Tutug oncom nu di dplad. Pokona ceuk basa 
sundana mah cuti saminggu teh kombak kambek ka nu di daftar we. muih pokona 
mah. Bajigur, bandrek  sareng pasanganana sarupanging kulub hui, kulub sampeu, 
kulub suuk, asa tos jarang mendakan kajabi pami nu nguriling. eta ge pami 
kawenehan sok ngahajakeun megat nu ngalangkung.

Festifal mami (makanan-minuman) bakal di "gelar" (hilap deui naon basa sundana) 
4 Agustus? Wah resep kacida. Hanjakal kuring teu bisa ka tasik, aya rencana 
engke ping 15 - 17 agustus.

Aeh, panuju tah kana pangemut kang trias. Kuring ge resep tah kang kana susu 
teh......

----- Original Message ----
From: trias santosa

Mairan sakedik yeuh.
  Barudak ayeuna resep tuangeun impor, mana kitu ge diantarana kulantaran bumbu 
bumbu nu dipake memang raos. Bumbu bumbu ieu can tangtu impor. nu impor teh 
lain barangna (bahan tuangeunana) namung "kabiasaanana" , contona susu. Di 
urang mah teu biasa susu dipake sabage bumbu, di Eropah mah geus jadi kabiasaan 
ampir sagala masakan make susu, pon kitu deui keju. Cobian geura, bajigur 
disusuan, pais lauk dikejuan, lotek diganasan jsb. kanggo kang Salman nu 
kabitaan abong mun teu ngacay. Kebo hideung ngadak ngadak bodas kabanjur cai 
susu. Hapunten anu kasuhun. 
____________________________________________________________________________________
dipangneukteukkeun ku k#5

Kirim email ke