Saleresna bunga di bank umum ge teu luhur-luhur teuing dan masih ka bedag dina dangeut ayeuna paling pol ge 15% satahun rata-ratana mah 10% - 12% satahun, sedengkeun anu ngagolangkeun di sektor ril mah 10% teh sakali muter paling-paling saminggu atawa sabulanlah, nya atuh ari rada belet dagangna 10% teh 3 bulan, upami bisnis kenging untug 10% muterna modal langkung ti tilu bulan ulah bisnislah. Kanggo Kang Mukdaz mangga bae sumping ka bank umum upami bpr langkung awis bunga tibatan bank umum, digarut mah lengkep aya bri, bni, mandiri, btn anu atanapi bank swasta. Upami ka btn garut mah pilarian bae mas hendro, sebutkeun ngaran si kuring 3X terus nejrag bumi....... he.... he.... he... (guyon eta mah). Upami hoyong langkung jelas mah japri bae, bade dipajang leberkeun didieu mah bilih pajarkeun iklan komersial, padahal si kuring ge yakin nu sanes ge hoyong terang kumaha carana nambut artos di bank.
Wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: "mmukdaz" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Friday, July 27, 2007 6:52 AM Subject: [Urang Sunda] Bantosan > Manawi aya uninga, kumaha sareng kamana milari investor anu tiasa > masihan pinjaman lunak kanggo pengembangan rumah sakit(danget ayeuna > nembe Klinik Dengan Tempat Perawatan)di Kab. Garut. Hatur nuhun kana > bantosanana > >

