Ha ha ha. Ha ha ha. Aya ku motekar nya neng roro teh.

Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                     
Heuay Pangantén Anyar
  
 Karék saminggu Jang Adun & Nyi Ocoh jatuk rami. Keur  meujeuhna sono bogoh. 
Silih teuteup, silih tepak, silih toél, silih kelét  dibarengan ku imut jeung 
seuri leutik. Pokonamah dunya téh bener-bener asa nu  duaan.
  
 Hiji poé teu angin teu hujan Nyi Ocoh ujug-ujug jamedud..  Puguh, Jang Adun 
heraneun. Ditanya, teu ditémbalan. Diajak seuri kalahka  samutut. Komo ditoél 
mah langsung diképéskeun. Jang Adun bingung kumaha  piketakeunana, da can apal 
pisan kana pasipatan Nyi Ocoh téh. Maklum atuh da,  bobogohan tilu bulan 
langsung diajak kawin, atoh wé nu aya…
  
 Poé kadua Jang Adun ngawani-wani manéh ngomong ka Nyi Ocoh  kunaon pangna 
ujug-ujug baeud teu puguh-puguh. 
Jang Adun nanya ka Nyi  Ocoh,“Nyi, tikamari jamedud waé ka Akang kunaon?”.
Nyi Ocoh teu némbalan,  kalahka ngaléos. Teu éléh géléng, Jang Adun nuturkeun 
ti tukang bari nanya deui.  “Nyi, tong kitu atuh…Akang téh bingung yeuh kunaon 
Nyai téh? Cik béjaan atuh ari  Akang salah naon? Pan kudu aya sabab musababna!” 
ceuk Jang Adun rada  ngambek.
  
 “Na, ari Akang teu ngarasa kitu?!” ceuk Nyi Ocoh tungtungna  némbalan da 
karunyaeun ka Jang Adun. “Yeuh Kang, basa ngobrol jeung si Abah di  imah uing 
kamari teu didengékeun nya? Da katénjo Akang téh heuay…jeung heuaaaay  wéh! 
Diitung téh aya kana dualikurna heuay! Moal enya mitoha keur ngomong  
ditembalan ku heuay?!”
Pan éta téh teu sopan, ngarana teu ngahargaan ka  mitoha! Dititah mencetan si 
Abah, angger bari heuay…nya puguh si Abahna nitah  eureun da mencetanana teu 
karasa-rasa acan bakat ku loba teuing heuay jadi  euweuh tanagaan. Ngomong ka 
kuring mah asa diciwitan ceunah! Naaa… Ari kana  lalajo meng bal tara heuay? 
anteng we nu aya! Saha nu teu keuheul Kang?!” Nyi  Ocoh beuki ngagedur amarahna.
  
 Jang Adun karék ngarti,”Owhh….éta. Hampura atuh Nyi, pan Nyai  gé nyaho yén 
Akang téh peutingna tas ngaronda, jadi tunduhna kabawa  kénéh.”
“Cikan hayang nyaho, ari nu diomongkeun ku si Abah peuting kamari téh  kaharti 
teu?” ceuk Nyi Ocoh nanya deui.
“Nya éta atuh… hanteu, puguh!” Ceuk  Jang Adun bari gagaro teu ateul.
“Tuh nya, cekéng gé pasti teu didengékeun!”  ceuk Nyi Ocoh jadi beuki ambek 
ditungtungan ku jamedud deui….
  
 Geus nincak poé katilu kaayaan angger kénéh, Nyi Ocoh jamedud,  Jang Adun 
angger panasaran sanajan geus nyaho masalahna. Peutingna, Nyi Ocoh  lalajo TiPi 
sorangan lalajo acara sinétron kameumeutna. Kurunyung Jang Adun  dikukuyung 
sarung, terus gék diuk di gigireun Nyi Ocoh bari ngelepus udud daun  kawung. 
Pacicing-cicing, teu ngaromong sakemék-kemék acan. Maklum lalaki,  ningali 
acara sinétron nu dilalajoanan ku Nyi Ocoh, manéhna teu resepeun.  Jurungkunung 
Jang Adun nyokot rimot nu aya dihareupeun Nyi Ocoh bari mindahkeun  kana siaran 
méng bal di setasiun tipi séjén. Ningali kaayaan kitu Nyi Ocoh  ngajéwang rimot 
nu keur dicekel ku Jang Adun, dipindahkeun deui kana sinetron.  Jang Adun teu 
éléh géléng manéhna cicing di hareupeun tipina pisan langsung  mencétan kenop 
paragi mindahkeun siaran tipi. Dipindahkeun kana méng bal.  
  
 Kaayaan kitu lumangsung sababaraha kali, tungtungna Jang Adun  ngéléhan da 
sieuneun tipina ruksak, mangkaning teu boga duit keur meuli deui nu  anyar mah….
Gék manéhna diuk deui gigireun Nyi Ocoh bari angger ngelepus  udud. Keur kitu 
téh ujug-ujug manéhna ngarasa sono ka Nyi Ocoh, maklum pangantén  anyar téaaa…. 
“Euuuhhh…hanjakal si Nyai keur baeud, …kumaha atuh?!!!” Gerentes  Jang Adun 
jero haté.
  
 Dina waktu nu sarua, di tungtung korsi nu beulah ditu, haté  Nyi Ocoh keur 
ngarakacak, “Aduh, sono euy ka si Akang geus sababaraha po酔.  Manéhna 
langsung sadar yén dirina nu ngamimitian nyieun pucuk tigirang ka Jang  Adun, 
teu pira masalahna “heuay” hareupeun mitoha. Tapi dasar Nyi Ocoh géngsina  mah 
gedé pisan, ké heula anan mun ti heula ngawawuhan nu jadi salaki, jaim  
tiditunamah.
  
 Jang Adun mikir tikerung-kerung waé, kumaha carana ngawawuhan  Nyi Ocoh? Ah, 
cik susuganan …Tambah éra, Jang Adun heuay bari  ngomong,”Heuaaaayyaanggg….”
Teu disangka-sangka ku Nyi Ocoh ditémbalan bari  heuay ogé,”Heuaaaayyuuuuu….”
Ngadengé kitu, Jang Adun langsung curinghak bari  nanya ka Nyi Ocoh, “Ké…ké…teu 
kadéngé Nyi, némbalan naon tadi téh?” 
“Enya,  hayu!” ceuk Nyi Ocoh bari aluman alimen semu nu éra. Teu antaparah, 
rigiwing Nyi  Ocoh dipangku ku Jang Adun, atuh puguh Nyi Ocoh reuwaseun 
langsung ngajerit!  (bari atoh).
 
Heuheu…mangga, kanggo salajengna  wilujeng impleng kunyalira, hapunten 
dongengna lebet 17taun  kaluhur.  
 Teu ketang, ieu mah  kaideuan ku  dongeng Kang Syam, mugia tiasa janten 
pangbeberah manah.
  
 ro2
  
  
 
     
                       


Asep

       
---------------------------------
Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect.  Join Yahoo!'s user panel 
and lay it on us.

Kirim email ke