Baraya sadaya,
Aya info ti bu Sofi, bade nedunan jangjina sawatara waktos kapengker wirehna
upami Indonesia janten tuan rumah forum internasional, anjeunna bakal
midangkeun seni budaya angklung sareng kacapi suling ka para tamu. Saurna, dina
farewell dinner event Asia Wireless Forum (AWF) kaopat (anu dilaksanakeun di
Indonesia ping 31 Juli dugi 4 Agustus 2007) anu nyandak tempat di Museum Arsip
Nasional, baris dipidangkeun pertunjukan Yusuf Oebelet, kalayan tarian
kolaborasi gondang batak, betawi, gending jawa, sareng rebana interaktif,
katut angklung sareng suling.
Salam,
Asep
Asep
---------------------------------
Pinpoint customers who are looking for what you sell.