Baraya Kusnet sadayana...
Ngeunaan Popostingan dina ieu Milis, wayahna geura
perhatoskeun heula sababaraha hal dihandap ieu :

Kahiji :
Ngaforward postingan ti milis sejen, anu sakirana aya mangpaat 
jeung bipaatna mah, pek bae. Komo nu aya pakuat-pakaitna jeung 
kasundaan mah, leuwih hade. Tapi mun rek mostingkeun hal sejen, 
wayahna dipikiran heula 10 balikan mah, naha pantes atawa henteu. 
Mun teu kapikir keneh, nya tatanya we heula ka mana.

Kadua :
Mun rek nga-forward postingan ti milis sejen, wayahna runtahna 
dibersihan heula. alamat-alamat imel batur anu masih keneh 
nembrak, wayahna piceunan heula. Lain nanaon, bisi aya nu 
ngamangpaatkeun alamat-alamat milis keur kaperluan sejen. 

Katilu :
Mun mosting gambar, ilikan heula ukuran file-na. Mun sakirana
gede mah, wayahna diedit heula, ukuranana dileutikan. Karunya
ka anu akses internetna ngeteyep, bisi beurateun. Mun sakirana
teu bisa dileutikan, nya geus we ulah.

Ka-opat :
Mun Postingan nu dikirim can mucunghul keneh dina milis,
tong hayeuh we ngiriman. Da sakali ge aya, ngan can di "approved".
kudu ngamaklum da Kuncen-na ge sarua pada sibuk. Aya nu sibuk 
gawe, aya nu sibuk ceting, jeung sajabana.

Wayahna we nu statusna masih keneh dimoderate mah, sing sabar.

Ka-Lima :
Cik atuh ari geus dibejaan teh sing ngalarti..
Nya ?


-Dul-
Kuncen #8


Kirim email ke