IRAK HEBAT Tags: paguneman mang utas Aya kumatak bungah, pacampur jeung reueus tur matak carindakdak anu nempo, teu salah mun Mang Utas nyebutkeun Irak Hebat.
Enya we basa diadu jajaten jeung Arab dina final Piala Asia tadi peuting (Ahad malem Senen 29-07-2007) pamaen-pamaen Irak maena pinuh ku sumanget dibarengan ku kaahlian dina widang maen bal. "Lo..padahal Irak mah salian ti Nagara anu keur dilanda ku peperangan, tataharna Irak dina raraga nyanghareupan Piala Asia mung ukur boga waktu dua bulan keur kumpul jeung latihan di Aman Jordania." ceuk Mang Utas bangun daria "Enya bener Mang, salian ti eta panginten meunangna Irak salahsahijina ku faktor fisik, mental, pelatih, sistim latihana, faktor 'keberuntungan' atawa milik jeung rea-rea deui nya Mang." tembal si Alo "Hiji deui Lo, anu utamana meunangna Irak nyaeta geus ditakdirkeun kudu meunang kunu Kawasa." teges Mang Utas bari tuluy ngenyot udud. "Ih..geus tangtu atuh ari eta mah, Mang." tembal si Alo mairan "Ceunah mah pamaen-pamaen Iraq loba oge nu maen di Liga Asing, contona Younis Mahmoud maen di Qatar, aya oge nu maen di Lebanon, Yordania oge di Liga Cyprus, jadi pamaen-pamaen Irak mah geus kaasah ku kompetisi di klub masing-masing." ceuk si Mang Utas bangun nu sumanget "Jadi Irak mah teu ngadadak atuh nyokotan pamaena, sugan teh ngadadak nyokotan ti tentara veteran perang Mang...hehehhe.." tembal si Alo "Huss..lain atuh, Lo..." "Mang Utas..padahal mah nya, pamaen Irak sina dibeuli kabeh ku Calon Walikota Tasik, sakalian jieunkeun KTP Tasik ngarah jadi Urang Tasik, malah mandar Persitas maju ka Divisi Utama." ceuk si Alo bari pepeta "Har..ari Alo, ngalamun teh bet kamalinaan kitu, rek boga duit timana keur meulian pamaen nu sakitu lobana? jabage moal oge daekeun maen di urang mah." tembal Mang Utas "Sugan we atuh daekeun Mang, tibatan balik deui ka Irak disuguhan ku bedil jeung bom." tembal si Alo embung eleh "Menggeus ah..ngalamun teh tong banter teuing, bisi gering." tembal Mang Utas Sabot keur guntreng ngobrol, gerepek dina saku si Alo aya nu gegerepeka, atuh si Alo pakupis ngodokan sakuna. "Naon Lo ? sumindal asup kana calana ?" tanya Mang Utas bari tuluy milu ngeprakan saku si Alo. "Ke.ke.ke..sanes Mang ieu mah henpon kuring." tembal si Alo bari pakupis nahan leungeun Mang Utas anu sibuk ngeprakan saku si Alo. "ha.ha.ha..sugan teh sumindal abus kana calana." tembal Mang Utas bari ngehkey seuri "Duh..Mang hampura nya, ieu aya SMS ti Neng Leha, ceunah kuring ditungguan di imahna." tembal si Alo bari gura-giru rek indit "Heueuh jig atuh bisi aya nanaon, salamna ka Bapana Neng Leha." tembal Mang Utas bari tulus ngaleos ka pipir imah. Ditulis ku : Kebo Hideung Kawalu Tasikmalaya

