Baraya,
basa kuring mukaan postingan di milis detikinet, aya hiji jalma susumbar,
nangtang website boga manehna pikeun di teangan kalemahanana.
ngaran website na www.cibuku.com.

iseng ku kuring di buka. singhoreng teh, eta website toko buku online.
Ningali ngaranamah "cibuku", sigana anu boga teh urang sunda.
komo deui nilik nomer telp. 022-70095225. euleuh nomer bandung yeuh.

Ari anu matak kataji mah, dina toko eta aya katalog "BUKU SUNDA".
ngan hanjakal, can aya buku anu dijual dina katalog eta.

Tah baraya. anu rek ngajual buku sunda (4S, keom sakedap, dsb, dll), coba we
hubungi cibuku.com.
ameh  katalog  "BUKU SUNDA"-na aya eusian.

Kirim email ke