Mapay Jalan satapak,
ngajugjug kahiji lembur
hanteu karasa capena
sabab aya nu diteang ...
Eta hiji lagu teh sok diputer di radio-radio boh swasta atanapon
pamerentah dinu acara tembang-tembang sunda. Eta lagu teh nyaritakeun hiji
kagiatan nu resep aprak-aprakan neangan mawar bodas. Ceuk cenah mah sanajan
jauh dijugjug oge pasti weh diteangan teu paduli angin gede dor-dar gelap, kitu
cenah.
Diluhur disebut kagiatan aprak-aprakan atawa ceuk uing mah versi
keren-na tracking tea. Ieu kagiatan teh sering pisan sok dipilampah sok komo
mun poe sabtu jeung minggu keur meujeuhna pere.
Basa poe saptu kamari, rada beurang geus kabiasaan ulin ka KBS (Kampung
Budaya Sindang Barang), nya teu jauh sakalian tracking weh, didinya geus
kasampak Mang Karebet ceuk kuring nyebut manehna, ari kuring kadinya teh bareng
Cep Hadi sabiasana. Teu kungsi lila mang Karebet nyeletuk Yan ... urang
ngarujak yuk ... di Kabandungan aya Rujak nu Ajip geura ...
Teu kungsi lila rada panasaran rujak Kabandungan teh kumaha, uing jeung Mang
Karebet ngajugjug kadinya. Naha geuningan basa geus nepi teh loba jasa nu
ngantri aya kanu opatan, jeung deui aya nu meli 10 bungkus ceuk mang karebet
mah nu meli eta teh geus hajatan kawin. Nya teu lila bagian uing di ladangan
teh, ceuk nu dagang teh sabaraha bungkus...., ceuk uing teh .. dua bungkus
weh mang.. tong lada teuing ....
Eta tukang dagang teh laju weh murulekun uyah, cabe jeung kacang direndos
ditambahan asem. Teu kungsi lila mang Amang landihanna nyiduk tarasi bari
digalokeun, laju weh ngeretan cau kulutuk di rendos deui. Teu kungsi lila si
gula beureumna di rendos jadi hiji ditambah deui make lobi-lobi nu rasa na
ahseum pisan, teu lila di caiann. Bari samemehna si mang amang teh geus
ngeureutan bungbuahan samodel, jambu, manggah, bonteng, kadongdong, danas,
bangkoang.
Tu lila si mang amang teh geus beres mungkusan dua bungkus laju weh di tawur
11 rebu da meulina dua bungkus jeung kurupuk sabungkus nu uesina aya lima mah.
Sangeus kitu balik ka KBS deui, didinya geus aya nu nganggoan babaturan
tiluan laju weh nyolekeun bungbuahan tadi ka bumbu rujak tea, naha da barang di
gegel teh ajip lada pisan bari ngucur kesang ti hulu teh ... deuh seger amat ,
jeung si kurupuk teh di coelkeun ka bumbu rujak teh naha tambah ajip pisan.
Teu kungsi lila aya sms ti Kang Hendra .. Uing jeung Dudi geus aya di RRI
Bogor .., nya antukna mah uing jeung Cep Hadi kabur muru ka RRI bogor nu
alamatna ditukangeun Hotel Pangrango. Geus nepi kadinya teh geus aya Kang
Hendra, Cep dudi, jeung Pa Inoci, jeung Ua Rahmat, maksud na mah ka RRI teh
deuk siaran medar sejarah nu sok disiarkeun poe saptu jam 4-an tea, sabab Mang
Eman Sulaeman na aya wagelan.
Pas Jam 4-an teh di calukan ku Teh Rani jeung Kang Jon sina asup ka Studio.
Kusab mix jeung headphone na aya opat antukna uing, Dudi, jeung hadi gantian
make mix. Ari Kang Hendra mah jadi pambawa acarana sari sumber na Pak Inoci
jeung Ua Rahmat. Ari uinh mah teu bisa ngomong kumaha deuk ngomong nyepeng mix
ge kaluar kesang badag jeung kesang tiis weh.
Geus nepi jam 5-an acara teh rengse, satadina mah jam 8-an teh masih aya
jatah keneh acara nu disebut hahaleungan .., malihan mah urang kabehan
kabagean jatah keur siaran dinu acara eta, sabab aya wagelan nyaeta aya acara
Rampak Dalang di Bale Kota nu jam 8 peuting keneh nya antukna bentrok.
Pas jam 7-an tiluan mangkat ka bale kota bari leuleumpangan ngalewatn pasar
bogor BP (Bogor Plasa), ngurilingan Kebon Raya Bogor. Pas nepi teh geus
kasampak Panggung nu make sinar laser jeung multimedia na alus jasa.
Acara teh mimiti jam 8-an der na, di mimitian ku rampak kacapi nu aya kanu
optana ditambah tukang kendang na hiji, sanggeus kitu rampang dalang nu
jumlahna opatan mimitian, mun teu salah mah dalang na teh nyaeta Dalang
Endang,Toto, Aji jeung Ceceng. Eta opat dalang teh kolaborasi, nya dini
caritaan na teh di selangan ku tatarian. Malihan mah aya rampak kendang nu
mintonkuen na awewe kabeh.
Sanggeus acara rengse teh nu nonton ngarasa puas sabab can pernah aya
kagiatan kasenian samodel kieu, sok komo ieu teh hasil ti barudak ngora keneh.
Nya emang bener mun kasenian kudu ortodok kawas heubeul keneh mah barudak ngora
moal katarik ku acara samodel kieu sok komo mun para inohong atawa nu ngarasa
kokolot teh di kritik ku budak ngora laju jawabna ka barudak ngora teh maneh
karek bisa naon seeh .. maneh mah can aya umuran .. meureun kasenian samodel
kieu teh bisa bae lengit malihan mah moal aya deui, tah kukituna sakuduna mah
nu kolot kiwari teh kudu narima karitikan tinu ngora ulah statis wae atawa ceuk
iklan tea mah "Can kolot atawa can jadi inohong moal bisa ngomong", lamun kawas
kieu mah iraha ngomongna atuh budak ngora teh .
Cag ach
Mimiti jadi anak bawang
Laju weh teu dipalire
Laju weh pada musuhan
Antukna jadi jawara
(ceuk Mahatma Gandhi ka uing)
Yayan Mulyana (http://yayanm.worpress.com)
[EMAIL PROTECTED] / 081310915712
http://balebat.blog.com
---------------------------------
Yahoo! Mail is the world's favourite email. Don't settle for less, sign up for
your freeaccount today.