ISTANA MERDEKA....
  jadi saksi "pasea" antar elit
  pasea gedean jeung gedean
  pasea gajah jeung gajah
  mending ...
  pasea keur rakyat
  keur kadaulatan nagara,
  keur kehormatan nagara
  ieu mah ...
  huuuuh ....
  pasea kulantaran awewe
  pasea kusabab bikang
   
  tahun kamari 
  di Istana pasea
  gara-gara pasea AAG Vs YZ
  Istana jeung pangeusina molotot
  AAG dipiceun
  YZ diingkeun
   
  ISTANA MERDEKA ...
  kamari pasea 
  gara-gara duit bikang DKP
  Pasea AR Vs pangeusi istana
  Pengeusi istana molotot
  fitnah...
  Naudzu billah ...
   
  ISTANA MERDEKA ...
  Pasea ZM Vs Pangeusi Istana
  Gara-gara naon ?
  Bikang ... awewe ...
   
  Huh ...
  si ujang ngarahuh...
  mending gawe
  keur ngahirupkeun pamajikan
  saha ?
  awewe ...
  ceg kana pacul
  kecruk ... kecruk ... kecruk 
   
   

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Kirim email ke