Baraya...,
geus sababaraha kali para kuncen nyieun pengumuman bin ngabejaan
kasakabeh anggota milis, lamun rek posting kudu dipikiran heula
manfaat jeung piakibateun kahareupna. Mun kira-kira kurang manfaat
jeung bakal ngabarubahkeun batur leuwih hade tong dialungkeun ka
babakan kusnet, da teu sakabeh kuncen mendeko nuguran ieu milis pan
sarerea oge pada terang yen urang teh kasengkeur ku pagawean sapopoe
jeung diudag-udag ku pangab bin pangabutuh tea.

Kukituna sakali deui ka sadaya anggota milis, hayu urang babarengan
ngajaga jeung miara tempat urang ngriung ieu tina hal-hal anu
pimadoroteun, pan tujuan utama ieu milis teh salian ti sikaturahmi
jeung papada urang oge pikeun nambahan pangaweruh (utamana pikeun
ngamumule basa Sunda jeung kasundaan)

cag...ah, nuhun.

"kkbm'69" 
#kuncen-8#



Kirim email ke