punteun Mang J,
pami teu lepat aya deui pionir US, Rd. Soejoed ahli widang pertanian ti 
Tjiamis, nu mimitian ngawangun sakola pertanian Tandjoengsari

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
  tadi peuting milu ngaluuhan mieling 60 taun pendidikan senirupa itb.
 diantara nu biantara, nya nyaritakeun jaman baheula, aya AD Pirous, urang
 Aceh nu nikah ka bu Erna, putrina Gan Daeng Sutigna, nu ngamodernkeun
 angklung tea.
 
 Syafei Sumardja (SS) sakolana senirupa, khusus guru gambar di Walanda,
 taun 20a-n. terus meunang brevet pikeun ngajar. brevet teh
 sertifikat/lisensi mun ayeuna mah. cek AD Pirous, Pak Sumardja teh urang
 Indonesia munggaran nu meunang brevet atawa surat izin ngajar alias jadi
 guru gambar. sarua jeung gan Hardjapamekas nu urang Endonesia munggaran nu
 meunang lisensi/sertifikat jadi guru basa Jerman ti Goethe institut
 pusat/jerman.
 
 SS teh resep apruk2an cenah (adventure). jadi beres sakola di belanda,
 anjeuna ulin ka mana2 di eropa nepi ka Jerman oge, ngan harita Hitler +
 Nazi mulai kawasa. SS mulang ka Bandung, ngaliwatan sababaraha nagara di
 asia da bari bertualang tea. nya ngadegkeun bale pendidikan guru gambar.
 jadi ketuana, dibantuan nu dua tilu londo nu kungsi ditawan jepang, ries
 mulder jeung simon admiral. dua bule eta cenah ngahormat pisan ka
 Sumardja, sanajan pribumi. nya tangtu da sakolana di walanda oge jeung
 deuih cenah gede pisan wawanena. da di eropana oge cenah mindeng ngagaplok
 bule nu sok melong lila ka manehna, nya jadi gelut.
 
 kadar nasionalisme SS oge kandel pisan. malah cenah basa AD Pirous geus
 lulus, manehna dilamar ku universitas andalas padang pikeun jadi dosen di
 padang. tapi SS ngawagel, ulah di Padang cenah, paling anjeun ngajar urang
 padang wungkul. tapi mun di bandung, anjeun ngajar urang indonesia! SS
 apal pisan karakter sakola di bandung, nya utamana kampus nu ayeuna
 disebut ITB.
 
 AD Pirous semu nu ngalimba waas ka baheula meureun nyarita bari dareuda
 kumaha pak Sumardja sakitu bageurna pikeun manehna jeung nu sejen (muridna
 karek sababara urang).  malah cenah geus siga bapa ka anak hubunganana
 teh. Bandung atawa tatar sunda beh legana, geus ti jaman bung karno keneh
 jadi tempat ngasakeun saha bae nu hirup sakola diajar di bdg. malah cek
 kuring mah, oge milu ngajendralkeun,ngalaksamanakeun, ngamarsekalkeun saha
 bae, sabab seskogab di bdg. pastina tangtara baheula teu sagawayah milih
 bdg. salian ti deukeut ka ibukota.
 
 basa SS tos sepuh, anjeuna nyerahkeun estapet pendidikan senirupa ka
 muridna nu tiluan, eddie kartasubarna, sina ngembangkeun urusan
 adminstrasi/manajemen, but muchtar (aslina tubagus muchtar, banten) kana
 widang karya, pak Sudjoko (UJ nu lahir-gede-maot di Bandung) disina
 ngembangkeun teori/ilmuna.
 
 kasimpulan
 geus nambah tah conto atawa fakta mental pionir US
 1. Husen Djayadiningrat, urang endonesia munggaran nu jadi Doktor di
 leiden belanda.
 2. Didi Kartasasmita jeung Hidayat, tentara munggaran nu lulusan akademi
 militer (Breda belanda)
 3. R. Hardjapamekas, nu munggaran meunang brevet ngajar basa Jerman
 4. Syafei Sumardja, nu munggaran meunang brevet ngajar (guru gambar) jeung
 nu muka sakola senirupa di Indonesia/itb ayeuna. dimimitian ku bale
 pendidikan guru gambar, nyitak guru2 senirupa pikeun sakola. lembaga ini
 terus gabung, nu profesi/karya ka itb, nu kaguruan ka ikip/upi.
 
 mj
 
 http://geocities.com/mangjamal
 
 
     
                       

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers
       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Kirim email ke