tadi peuting milu ngaluuhan mieling 60 taun pendidikan senirupa itb. diantara nu biantara, nya nyaritakeun jaman baheula, aya AD Pirous, urang Aceh nu nikah ka bu Erna, putrina Gan Daeng Sutigna, nu ngamodernkeun angklung tea.
Syafei Sumardja (SS) sakolana senirupa, khusus guru gambar di Walanda, taun 20a-n. terus meunang brevet pikeun ngajar. brevet teh sertifikat/lisensi mun ayeuna mah. cek AD Pirous, Pak Sumardja teh urang Indonesia munggaran nu meunang brevet atawa surat izin ngajar alias jadi guru gambar. sarua jeung gan Hardjapamekas nu urang Endonesia munggaran nu meunang lisensi/sertifikat jadi guru basa Jerman ti Goethe institut pusat/jerman. SS teh resep apruk2an cenah (adventure). jadi beres sakola di belanda, anjeuna ulin ka mana2 di eropa nepi ka Jerman oge, ngan harita Hitler + Nazi mulai kawasa. SS mulang ka Bandung, ngaliwatan sababaraha nagara di asia da bari bertualang tea. nya ngadegkeun bale pendidikan guru gambar. jadi ketuana, dibantuan nu dua tilu londo nu kungsi ditawan jepang, ries mulder jeung simon admiral. dua bule eta cenah ngahormat pisan ka Sumardja, sanajan pribumi. nya tangtu da sakolana di walanda oge jeung deuih cenah gede pisan wawanena. da di eropana oge cenah mindeng ngagaplok bule nu sok melong lila ka manehna, nya jadi gelut. kadar nasionalisme SS oge kandel pisan. malah cenah basa AD Pirous geus lulus, manehna dilamar ku universitas andalas padang pikeun jadi dosen di padang. tapi SS ngawagel, ulah di Padang cenah, paling anjeun ngajar urang padang wungkul. tapi mun di bandung, anjeun ngajar urang indonesia! SS apal pisan karakter sakola di bandung, nya utamana kampus nu ayeuna disebut ITB. AD Pirous semu nu ngalimba waas ka baheula meureun nyarita bari dareuda kumaha pak Sumardja sakitu bageurna pikeun manehna jeung nu sejen (muridna karek sababara urang). malah cenah geus siga bapa ka anak hubunganana teh. Bandung atawa tatar sunda beh legana, geus ti jaman bung karno keneh jadi tempat ngasakeun saha bae nu hirup sakola diajar di bdg. malah cek kuring mah, oge milu ngajendralkeun,ngalaksamanakeun, ngamarsekalkeun saha bae, sabab seskogab di bdg. pastina tangtara baheula teu sagawayah milih bdg. salian ti deukeut ka ibukota. basa SS tos sepuh, anjeuna nyerahkeun estapet pendidikan senirupa ka muridna nu tiluan, eddie kartasubarna, sina ngembangkeun urusan adminstrasi/manajemen, but muchtar (aslina tubagus muchtar, banten) kana widang karya, pak Sudjoko (UJ nu lahir-gede-maot di Bandung) disina ngembangkeun teori/ilmuna. kasimpulan geus nambah tah conto atawa fakta mental pionir US 1. Husen Djayadiningrat, urang endonesia munggaran nu jadi Doktor di leiden belanda. 2. Didi Kartasasmita jeung Hidayat, tentara munggaran nu lulusan akademi militer (Breda belanda) 3. R. Hardjapamekas, nu munggaran meunang brevet ngajar basa Jerman 4. Syafei Sumardja, nu munggaran meunang brevet ngajar (guru gambar) jeung nu muka sakola senirupa di Indonesia/itb ayeuna. dimimitian ku bale pendidikan guru gambar, nyitak guru2 senirupa pikeun sakola. lembaga ini terus gabung, nu profesi/karya ka itb, nu kaguruan ka ikip/upi. mj http://geocities.com/mangjamal

