Cenah mah di Indonesia ge aya sarupaning poliandri, nyaeta di Sumatra. Lamun
Lalaki teu bisa mere budak ka pamajikanana (salaki nu mandul) nya dimeunangkeun
pamajikanana di bawa kabur ku lalaki sejen sapeuting, nu disebut "minjam jago".
Ngan syaratna, teu meunang kanyahoan ku salakina.
Puguh we raos kangge nu jadi "jago"... heu heu heu...
Kang Trias
Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Maca tulisan sual poligami, jadi inget kana tulisan anu pernah dibaca
sawatara taun katukang. Intina eta tulisan teh saperti kieu:
Pikeun unu sok resep kana wayang, moal asing ka tokoh wanoja Drupadi. Dina
carita wayang versi Sunda, Jawa jeung Malayu, Drupadi teh pamajikana Yudistira,
anak Pandu anu cikal. Tapi cenah wayang versi India mah nyebutkeun yen Drupadi
teh poliandri (wanoja anu boga salaki leuwih ti hiji), boga 5 salaki nyaeta
Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula, jeung Sadewa, kabehanana anak Pandu.
Cenah mah kabiasaan poliandri di India teh masih aya. Hiji wanoja boga salaki
leuwih ti hiji. Lamun pas ngalahirkeun anak, pikeun nangtukeun anak saha eta
budak teh nya para salakina di kumpulkeun ngurilingan eta budak. Budak bakal
ngorondang nyampeurkeun ka salah sahiji lalaki anu ngurilinganannana. Eta
lalaki anu disampeurkeun ku budak boga hak jadi bapana eta budak.
Lamun JK ti Republik Mimpi maca eta tulisan, meureun bakal nyarita: "aya-aya
wae!".
Asep
---------------------------------
Pinpoint customers who are looking for what you sell.
---------------------------------
Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search that gives answers, not web links.