Jadi kaingetan, 
  Tas maca Buku "Sky Burial" atawa Pemakaman Langit meunang Xue Xinran, aduh 
caritana bener bener "mengharu biru". Cenah mah Romeo dan Juliet na China. 
  Pakait sareng Poliandri dina ieu carita buku ngeunaan Awewe China anu namina 
Shu Wen anu kakarek nikah ditinggal keun salakina "berjoang" Ka Tibet. Nuju 
haneut haneutna di tinggalkeun ku salaki, tug dugi ka aya beja salakina maot di 
Tibet, nya demi cinta neangan salaki naha bener maot di Tibet. Setting na taun 
1930-an (asa hilap deui!). 
  Ieu awewe kadungsang-dungsang di Tibet dugi ka nyiruruk dihiji kulawarga 
Gela, nomaden Tibet di dunya antah berantah. Anu langitna bisa berubah ngan 
ukur sadetik mun dibandingkeun jeung di daratan rendah  
  Dicaritakeun kulawarga Tibet, salakina Namina Gela, istrina namina Saierbao, 
gaduh putra sababaraha hiji, awewe lalaki. Di sarengan ku adi salakina namina 
Ge'er. 
  Hiji mangsa (isuk-isuk) Saierbao jeung Ge'er keur............(punten!), si 
Shu wen asa kaeraan, maklum ari suku nomaden ngan ukur na tenda. Teu di 
kamar-kamar.
  Shu wen asa teu ngarti kuanon Gela (Kepala Keularga) cicing wae. Saierbao, 
awewe anu dianggap Berwibawa naha ngalakukeun nukararitu? 
  Shu Wen teu nyaho yen di Tibet awewe bisa boga salaki leuwih ti hiji, Gela 
jeung Ge'er teh bapana budak-budak Saierbao. Sanajan Gela jeung Ge'er adi 
lanceuk! 
  Janten kasimpulan Poliandri aya di masyarakat Tibet oge. 
  Karek nyaho....!
Carita Shu Wen? baca geura....sedih! 
  Asa sarua jeung Film "Xiu-Xiu" Karya si Joan Chen.......getir jeung pait 
pisan...
   
  Cenah mah aya buku Xinran anu leuwih alus judulna "The Good Woman of China". 
Terkenal pisan......Xue Xinran teh bahasana alus.....norolang jeung lempeng teu 
putus, benang beureumna alus pisan katingal unggal kalimat. 
  Panasaran!!!!!
   
  India jeung Tibet? deukeut kang! 
  Hoyong terang Tibet mah, janten inget ka Dalai lama aya bukuna upami teu 
lepat mah  "The Art Of Happiness" asa tos maca ieu buku tapi susah.....sabab 
teu sajalan jeung pamikiran dina Islam. Penggalian kebahagiaan ti diri urang 
sorangan. Asa euweuh ujung pangkalna, akarna. Ari urang mah pan aya Allah SWT, 
Kabah jeung hukum hukum, ari di manehna mah, kabeneran diri sorangan anu teuing 
geus puguh encanna.
  Heup ah....
   
  Deden Sureden 
  
Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Maca tulisan sual poligami, jadi inget kana tulisan anu pernah dibaca 
sawatara taun katukang. Intina eta tulisan teh saperti kieu:

Pikeun unu sok resep kana wayang, moal asing ka tokoh wanoja Drupadi. Dina 
carita wayang versi Sunda, Jawa jeung Malayu, Drupadi teh pamajikana Yudistira, 
anak Pandu anu cikal. Tapi cenah wayang versi India mah nyebutkeun yen Drupadi 
teh poliandri (wanoja anu boga salaki leuwih ti hiji), boga 5 salaki nyaeta 
Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula, jeung Sadewa, kabehanana anak Pandu.

Cenah mah kabiasaan poliandri di India teh masih aya. Hiji wanoja boga salaki 
leuwih ti hiji. Lamun pas ngalahirkeun anak, pikeun nangtukeun anak saha eta 
budak teh nya para salakina di kumpulkeun ngurilingan eta budak. Budak bakal 
ngorondang nyampeurkeun ka salah sahiji lalaki anu ngurilinganannana. Eta 
lalaki anu disampeurkeun ku budak boga hak jadi bapana eta budak.

Lamun JK ti Republik Mimpi maca eta tulisan, meureun bakal nyarita: "aya-aya 
wae!".




Asep
    
---------------------------------
  Pinpoint customers who are looking for what you sell.   

         


www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux
 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke