Sapoe jeput pepegatan, pasosore kakara bisa deui lalayaran. Nyiar luang ti
alam maya, bet manggih blog anu dipiboga ku anu asa kungsi rada wanoh.
Kapincut ku signature-na dina unggal posting, anu sigana memang jadi
kayakinan manehna: "Pangéran mah teu maén dadu!"

Ari nempo potona mah asa pangling. Baheula begang kawas galibna mahasiswa,
ari ayeuna ngeusi nembongkeun kasawawaanana.

Di handap ieu salasahiji tulisan dina blogna, Kadarsah si Cogito Ergo Sum!
Blogna ngeunaan Kasundaan tiasa dibuka di alamat URL
http://kadarsah.blogspot.com/search/label/Kasundaan

Jampé Harupat <http://kadarsah.blogspot.com/2007/05/jampe-harupat.html>

Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Sing jauh tina maksiat anaking
Ngarah salamet akherat


Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Susah senang omat sholat anaking
Beunghar kade poho zakat

Jampe-jampe harupat
Pek dudunya satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek hirup saumur dunya

Jampe-jampe harupat
Prak ibadah satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek cacap engke sareupna

Dodoja datang tong kalut
Sanghareupan make imut
Ulah rek aral subaha anaking
Sing percaya ka nu kawasa

Maha welas maha asih
Moal aya pilih kasih
Sagala nu karandapan kuhidep
Tangtuna bongan sorangan

Ti bapa ieu pepeling
Ngarah hidep hirup salawasna eling
Heunteu berang heunteu peuting
Hidep kudu soleh satungtung nyaring

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke