eta teh nu dilagukeun ndoel sumbang kitu?
waas.. sok hayang geura-geura boga budak :).....

On 8/2/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Jampé Harupat <http://kadarsah.blogspot.com/2007/05/jampe-harupat.html>
>
> Jampe-jampe harupat
> Geura gede geura lumpat
> Sing jauh tina maksiat anaking
> Ngarah salamet akherat
>
>
> Jampe-jampe harupat
> Geura gede geura lumpat
> Susah senang omat sholat anaking
> Beunghar kade poho zakat
>
> Jampe-jampe harupat
> Pek dudunya satakerna
> Lir ibarat hidep di dunya
> Rek hirup saumur dunya
>
> Jampe-jampe harupat
> Prak ibadah satakerna
> Lir ibarat hidep di dunya
> Rek cacap engke sareupna
>
> Dodoja datang tong kalut
> Sanghareupan make imut
> Ulah rek aral subaha anaking
> Sing percaya ka nu kawasa
>
> Maha welas maha asih
> Moal aya pilih kasih
> Sagala nu karandapan kuhidep
> Tangtuna bongan sorangan
>
> Ti bapa ieu pepeling
> Ngarah hidep hirup salawasna eling
> Heunteu berang heunteu peuting
> Hidep kudu soleh satungtung nyaring
>
> --
>

Kirim email ke