Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.. Baraya Kusnet sadayana,
Dina raraga Boboran Siam 1 syawal 1428 Hijriah, dibewarakeun yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2007 nu Insya Allah badé diayakeun dina : Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 27~28 Oktober 2007 ngawitan tabuh 10.00 énjing dugi ka lekasan di Bumi Perkemahanan Kiara Payung - Jatinangor Acara : - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan - Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun - Ceramah Kasundaan - Mintonkeun Kasenian - Bazaar - begadang bari siduru, bari beubeuleuman jsté. - Bakti Sosial Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét sareng kulawargina, sareng ageung pisan nu dipiharep kana kasumpingan sadayana dina waktosna. Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi diantawis baraya Kusnét sadayana. Sakitu anu kapihatur, Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh. -Ndoell- tukang wawar imel : [EMAIL PROTECTED] * PENTING !!! * --------------- Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala rupina, ka sadaya baraya Kusnét disuhunkeun rido galihna kersa ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél : [EMAIL PROTECTED] atanapi dialungkeun ka Milis : ----------------------------------------------------------------- FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2007 27 ~ 28 Oktober 2007 Ngiringan : Badé / Moal (pilih*) Nami :..................................................... Padumukan :................................................ I-mél :.................................................... No. telpon / Hapé :........................................ Jumlah nu badé sumping : ..... dewasa & .... murangkalih Kendaraan : Motor / Mobil / Umum ----------------------------------------------------------------- Informasi nu sanésna : * Tempat Halal Bihalal * ------------------------ Di Bumi Perkemahan Dr. Mashudi - Kiara Payung Jatinangor - Sumedang *Bazaar* -------- Baraya Kusnét/wargina atanapi nu aya pakait sareng baraya Kusnét nu bade ngiringan Bazaar disayogikeun stand, mangga tiasa ngajapri kanggo konfirmasi. *Sumbangan* ------------ Bilih aya nu bade masihan sumbangan di tempat HBH disayogikeun kotak sumbangan, atanapi nu bade ngintun tuangeun, mangga ngajapri kanggo konfirmasi. *Bakti Sosial * Anu bade sumping, bilih gaduh anggoan anu tos teu kaanggo deui, tapi masih weuteuh, mangga di bantun. Urang kempelkeun keur bagikeun ka kaum Dhuafa di sabudereun lokasi HBH. * Susunan Panitia Halal Bihalal* -------------------------------- - Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja - Penasehat : Réngréngan Kuncén - Pupuhu : Kang Iim - Patih : Kang Tony "cep Deden" Leboy - Tukang nyatet : Teh Lygia Nostalia - Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim - Seksi Acara : Kang Ikmal, Kang Adit, Teh Anita & Teh Wida - Seksi Konsumsi : Teh Pupi & Kang Kumi - Seksi Dokumentasi : Kang Rachmat, Kang Bowie - Seksi Ingkig / Umum / Alat / Perlengkapan : Kang Bohay, Kang Irpan [koordinator], Kang Runa + Balad - Registrasi & Panampi tamu : Mojang UPI & Kang Roisz ---..tos ah..

