Wa'alaikumsalam wr.wb.,

Kang Ndoell,Haturnuhun kana Bewarana, Abdi daftar ah!! he...he...

sakantenan kanggo PENDAFTARAN,RESMI DIBUKA tingawitan DANGET IEU!!
mangga eusian Formulir ti kang Ndoell dihandap teras reply ka :

[EMAIL PROTECTED]

Haturnuhun....

-ts-



From: "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> on 08/03/2007 08:57 AM
Sent by: [email protected]
Please respond to urangsunda


To:     [email protected]
cc:     (bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC)

Subject:[Urang Sunda] Bewara Halal Bihalal Kusnét 2007


Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadayana,

Dina raraga Boboran Siam 1 syawal 1428 Hijriah,
dibewarakeun yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2007
nu Insya Allah badé diayakeun dina :

Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 27~28 Oktober 2007
ngawitan tabuh 10.00 énjing dugi ka lekasan
di Bumi Perkemahanan Kiara Payung - Jatinangor

Acara :
- Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
- Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun
- Ceramah Kasundaan
- Mintonkeun Kasenian
- Bazaar
- begadang bari siduru, bari beubeuleuman jsté.
- Bakti Sosial

Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét
sareng kulawargina, sareng ageung pisan nu dipiharep kana kasumpingan
sadayana dina waktosna.

Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi
diantawis baraya Kusnét sadayana.

Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.


-Ndoell-
tukang wawar

imel : [EMAIL PROTECTED]


* PENTING !!! *
---------------

Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala
rupina, ka sadaya baraya Kusnét disuhunkeun rido galihna kersa
ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél :
[EMAIL PROTECTED] atanapi dialungkeun ka Milis :

-----------------------------------------------------------------
FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2007
27 ~ 28 Oktober 2007

Ngiringan : Badé / Moal (pilih*)

Nami :.....................................................
Padumukan :................................................
I-mél :....................................................
No. telpon / Hapé :........................................
Jumlah nu badé sumping : ..... dewasa & .... murangkalih
Kendaraan : Motor / Mobil / Umum

-----------------------------------------------------------------


Informasi nu sanésna :

* Tempat Halal Bihalal *
------------------------
Di Bumi Perkemahan Dr. Mashudi - Kiara Payung
Jatinangor - Sumedang


*Bazaar*
--------
Baraya Kusnét/wargina atanapi nu aya pakait sareng baraya Kusnét
nu bade ngiringan Bazaar disayogikeun stand, mangga tiasa ngajapri
kanggo konfirmasi.


*Sumbangan*
------------
Bilih aya nu bade masihan sumbangan di tempat HBH disayogikeun kotak
sumbangan, atanapi nu bade ngintun tuangeun, mangga ngajapri kanggo
konfirmasi.


*Bakti Sosial *
Anu bade sumping, bilih gaduh anggoan anu tos teu kaanggo deui, tapi
masih weuteuh, mangga di bantun. Urang kempelkeun keur bagikeun ka
kaum Dhuafa di sabudereun lokasi HBH.



* Susunan Panitia Halal Bihalal*
--------------------------------
- Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja
- Penasehat : Réngréngan Kuncén
- Pupuhu : Kang Iim
- Patih : Kang Tony "cep Deden" Leboy
- Tukang nyatet : Teh Lygia Nostalia
- Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim
- Seksi Acara : Kang Ikmal, Kang Adit, Teh Anita & Teh Wida
- Seksi Konsumsi : Teh Pupi & Kang Kumi
- Seksi Dokumentasi : Kang Rachmat, Kang Bowie
- Seksi Ingkig / Umum / Alat / Perlengkapan : Kang Bohay, Kang Irpan
[koordinator], Kang Runa + Balad
- Registrasi & Panampi tamu : Mojang UPI & Kang Roisz


---..tos ah..

Kirim email ke