kang Kumi..., 1. Tangkuban Parahu : ti Leuwi Panjang naek beus kota jurusan Ledeng, ti Ledeng disambung ku naek colt /elf jurusan subang turun wae di gerbang Tangkuban parahu... 2. Our bond Sindang Reret Lembang : naek kandaraan umumna sami jeung tujuan ka tangkuban parahu 3. Situ Patenggang Ciwidey : ti Leuwi Panjang naek elf/colt jurusan Ciwidey- ti Cidey didambung ku angkot nu ka Situ patenggang (2x naek angkutan umum) 4. Curug Maribaya : ti leuwi panjang naek beus kita jurusan ledeng- ti ledeng naek colt/elef jurusan lembang - to lembang naek angkot nu maribaya (3x naek) 5. THR H. Djuanda Dago : ti leuwi panjang naek beus kota jurusan Dago turun di pasar simpang - ti simpang anek angkot jurusan Dago -kalapa nu ka dagokeun sok langsung ka THR ( 2 x naek)
cag..ah, nuhun. "kkbm'69" On 8/3/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED] > wrote: > > baraya, ari di bandung tempat wisata alam anu bisa (gampil) dideugdeug > make angkutan umum di mana wae nya? ieu aya babaturan ti Cikarang hayang > ngajak ulin barudakna. Ceuk manehna teh, mun naek primajasa ti Cikarang nepi > ka Leuwipanjang, tah terusna ka mana wae nu bisa dideugdeug bari cukup sapoe > bulak-balik? Misalna ka Tangkuban Parahu, ti Leuwipanjang naek umum sabaraha > kali deui? Aya nu langsung teu? cikan ah... > > -- > sikandar > kumincir.blogspot.com > >

