Tambihan: Ka Tangkuban Parahu memang tebih, nyeepkeun waktos di jalan. Aya deui
tempat wisata alam di kota nu caket, contona bae THR (Taman Hutan Raya) Juanda
(Pakar). Mun resep situ (danau), Ciburuy. Curug Dago, Curug Cimahi.
Ngan hanjakal kabeh nu disebut eta kirang perawatan, jadi teu pati resep.
Nu rada tebihna, Ciater, Situ Patengan (Patenggang), Kawah Putih Ciwidey,
Maribaya, Cibolang.
Mun resep lintas alam, sae jalan ti Dago Pakar ka Maribaya,caket mung 5 km.
Kade ulah ka kawah Gunung Papapandayan, margina nuju aktip, bisi bitu.
Kang Trias
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
baraya, ari di bandung tempat wisata alam anu bisa (gampil)
dideugdeug make angkutan umum di mana wae nya? ieu aya babaturan ti Cikarang
hayang ngajak ulin barudakna. Ceuk manehna teh, mun naek primajasa ti Cikarang
nepi ka Leuwipanjang, tah terusna ka mana wae nu bisa dideugdeug bari cukup
sapoe bulak-balik? Misalna ka Tangkuban Parahu, ti Leuwipanjang naek umum
sabaraha kali deui? Aya nu langsung teu? cikan ah...
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
---------------------------------
Shape Yahoo! in your own image. Join our Network Research Panel today!