Punten ngiringan ah. Pamendak sim kuring mah supaya PT jadi nyongcolang nu atos-atos ge kedah nyieun mafia. Alumnina kudu jadi mafia, nu tiheula lulus teuing kumaha kudu metotan adi-adi kelasna, duit golontorkeun ka PTna eta mah rek tina saku sorangan, tina proyek pamarentah pokona mah sagala sumber kocoran dana. Ranking sakola naek, fasilitas hebat, alumnina hebat2 digarawe, nu nganggur mah diantep we engke ge leungit sorangan, moal nonghol da era meureun asa jadi alumni cacah. Kahareup calon mahasiswa leuwih diwates ngan nu unggul wungkul, jadi jaga kahareup alumnina leuwih kinclong. Tah mun aya lembaga pemeringkat dijamin nu boga mafia nu rangkingna alus, da surveyna ge ti manehna ka manehna keneh.
Kitu pola ngawangun PT nu hebat model Ivy League di Amrik nu ngarayap kamana-mana kaasup ka Indonesia, "survival for the fittest". (Kang Yani naha geuning si Pispot teu ngagolontorkeun ka Uncen, kalah jauh2 ka UI. Teu aya implik2? He..he....eta mah meungpeung carang atuh Kang?) Salam, Jalak Pakuan MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Leres pisan sakumaha anu dicarioskeun ku mang Jamal. Aya pangalaman ti rerencangan kuring, dosen di Departemen Ilmu Komunikasi FISIP UI, kaleresan janten asesor PTN/PTS. Tina pangalaman di lapangan, cenah Jurusan komunikasi anu pangsaena nya di UI. Unpad sok sanaos tos janten fakultas, tapi ditingali tina sarana sareng SDM anu bergelar S3, kirang sae. Aya hiji Jurusan Komunikasi swasta anu sae, nyaeta di Atmajaya Yogya. Dina ngarencanakeun pengembangan SDMna jempolan, prasarana oge hebring, ditambih deui ku ayana bantuan dana langsung ti Vatikan, Italia, jigana 10 taun kapayun mah, tiasa janten Jurusan komunikasi anu paling nyongcolang di Endonesia. Aya oge Universitas Pelita Harapan (UPH) di Jakarta anu didanaan ku LIPPOna Mochtar Riady, tapi ceuk batur kuring mah, masih keneh eleh ku Atmajaya Yogya. Perkara ITENAS, ceuk kuring mah, modal nu sae tah pikeun pimajueun. Modal kapital mangrupa Gedong sareng SDM, hiji hal anu penting pisan. kantun kumaha ngarencanakeun pengembangan kapayun. Kantun kumaha modal kapital anu aya didayagunakeun, sahingga masyarakat percaya, yen sakola ITENAS teh bermutu. Biasana para pemodal/pendonor, rela ngabantuan lamun aya proposal nu jelas dina ngembangkeun paguron eta. Ayeuna mah, tong pati miharep kocoran dana ti pamarentah anu nuju "eungap", tapi kumaha carana sangkan tiasa narik dana ti masyarakat. Anu diperyogikeun ayeuna mah, nyaeta kumaha sangkan dipercaya ku masyarakat, "trust" tea. Waktos minggo kamari kuring pendak jeung pa Gumilar. Anjeunna ngadongeng, ku kaayaan FISIP UI siga ayeuna, waktos FISIP ngayakeun hiji acara, PT Preeport teu sungkan ngucurkeun dana US $ 15.000 bari jeung teu aya "implik-implik" nanaon, estuning ngan sakadar nyumbang wae. Jadi nu utama mah, kumaha caranna ngawangun "trust". baktos, mrachmatrawyani --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Eta mah tos teu aneh atuh kang. Ti jaman munding > tiasa hiber oge di urang > mah kitu. Hehe. Abde oge ari sakola mah di negeri, > sanaos rada benten sareng > hayam negeri oge pengadilan negeri. hihi __________________________________________________________ Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news, photos & more. http://mobile.yahoo.com/go?refer=1GNXIC Makarya Mawa Raharja --------------------------------- Need a vacation? Get great deals to amazing places on Yahoo! Travel.

