Alhamdulillah Kang, nu hareeng teh internet sareng kompi nu sim kuring.....Eta 
kang mun seug aya US nu jadi eksekutip di Pispot atawa pausahaan gede cing atuh 
golontorkeun dana teh ka Unpas, Unpak, Unsil, Unwim, Unwir, UGaluh jrrd. 
   
  Salam
  JP

Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Damang kang Tirta ...
   
  Puguh we ngagolonteurkeun ka Uncen mah moal aya untungna, da nu nyepeng 
kawijakan pan ti jekate, sedengken pan uninga nu caket ka urang jekate teh 
urang mana ... he he he
   
  budhi
  kurono kopo 241
  guru kampung

 
  On 8/4/07, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             Punten 
ngiringan ah. Pamendak sim kuring mah supaya PT jadi nyongcolang nu atos-atos 
ge kedah nyieun mafia. Alumnina kudu jadi mafia, nu tiheula lulus teuing kumaha 
kudu metotan adi-adi kelasna, duit golontorkeun ka PTna eta mah rek tina saku 
sorangan, tina proyek pamarentah pokona mah sagala sumber kocoran dana. Ranking 
sakola naek, fasilitas hebat, alumnina hebat2 digarawe, nu nganggur mah diantep 
we engke ge leungit sorangan, moal nonghol da era meureun asa jadi alumni 
cacah. Kahareup calon mahasiswa leuwih diwates ngan nu unggul wungkul, jadi 
jaga kahareup alumnina leuwih kinclong. Tah mun aya lembaga pemeringkat dijamin 
nu boga mafia nu rangkingna alus, da surveyna ge ti manehna ka manehna keneh. 

Kitu pola ngawangun PT nu hebat model Ivy League di Amrik nu ngarayap 
kamana-mana kaasup ka Indonesia, "survival for the fittest". 

(Kang Yani naha geuning si Pispot teu ngagolontorkeun ka Uncen,  kalah jauh2 ka 
UI. Teu aya implik2?  He..he....eta mah meungpeung carang atuh Kang?) 

Salam,
Jalak Pakuan







MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:       
Leres pisan sakumaha anu dicarioskeun ku mang Jamal.
Aya pangalaman ti rerencangan kuring, dosen di
Departemen Ilmu Komunikasi FISIP UI, kaleresan janten
asesor PTN/PTS. Tina pangalaman di lapangan, cenah 
Jurusan komunikasi anu pangsaena nya di UI. Unpad sok
sanaos tos janten fakultas, tapi ditingali tina sarana
sareng SDM anu bergelar S3, kirang sae. Aya hiji
Jurusan Komunikasi swasta anu sae, nyaeta di Atmajaya 
Yogya. Dina ngarencanakeun pengembangan SDMna
jempolan, prasarana oge hebring, ditambih deui ku
ayana bantuan dana langsung ti Vatikan, Italia, jigana
10 taun kapayun mah, tiasa janten Jurusan komunikasi
anu paling nyongcolang di Endonesia. Aya oge 
Universitas Pelita Harapan (UPH) di Jakarta anu
didanaan ku LIPPOna Mochtar Riady, tapi ceuk batur
kuring mah, masih keneh eleh ku Atmajaya Yogya.

Perkara ITENAS, ceuk kuring mah, modal nu sae tah
pikeun pimajueun. Modal kapital mangrupa Gedong sareng 
SDM, hiji hal anu penting pisan. kantun kumaha
ngarencanakeun pengembangan kapayun. Kantun kumaha
modal kapital anu aya didayagunakeun, sahingga
masyarakat percaya, yen sakola ITENAS teh bermutu.
Biasana para pemodal/pendonor, rela ngabantuan lamun 
aya proposal nu jelas dina ngembangkeun paguron eta.
Ayeuna mah, tong pati miharep kocoran dana ti
pamarentah anu nuju "eungap", tapi kumaha carana
sangkan tiasa narik dana ti masyarakat. Anu
diperyogikeun ayeuna mah, nyaeta kumaha sangkan 
dipercaya ku masyarakat, "trust" tea.

Waktos minggo kamari kuring pendak jeung pa Gumilar.
Anjeunna ngadongeng, ku kaayaan FISIP UI siga ayeuna,
waktos FISIP ngayakeun hiji acara, PT Preeport teu 
sungkan ngucurkeun dana US $ 15.000 bari jeung teu aya
"implik-implik" nanaon, estuning ngan sakadar nyumbang
wae.

Jadi nu utama mah, kumaha caranna ngawangun "trust".

baktos,

mrachmatrawyani

--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> 
> Eta mah tos teu aneh atuh kang. Ti jaman munding 
> tiasa hiber oge di urang
> mah kitu. Hehe. Abde oge ari sakola mah di negeri,
> sanaos rada benten sareng
> hayam negeri oge pengadilan negeri. hihi

__________________________________________________________ 
Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news, 
photos & more. 
http://mobile.yahoo.com/go?refer=1GNXIC
 




  Makarya Mawa Raharja
    
---------------------------------
  Need a vacation? Get great deals to amazing places on Yahoo! Travel.   
  
  
  








-- 
Budhi Setiawan
@ Infrastructure Design Research Lab., Gifu Univ., Japan (research fellow) 
e-mail: budhi at gifu-u dot ac dot id
phone: +81-58-293-2475
@ Soil Mechanic Lab., Sriwijaya Univ., Palembang - Indonesia.
budhi at unsri dot ac dot id   

         


Makarya Mawa Raharja

       
---------------------------------
Need a vacation? Get great deals to amazing places on Yahoo! Travel. 

Kirim email ke