Lamun rekudu munding deukeut Kebo we, ngarah Kebo menta  :)

Kebo oge sok udud

  ----- Original Message ----- 
  From: ndoell 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, August 03, 2007 7:19 PM
  Subject: [Urang Sunda] Udud nyundut punduk


  Bieu maca na koran Pos Kota, sihoreng maotna tukang ojeg anu
  digebugan teh gara-gara Praja IPDN kasundut ku tukang ojeg,
  basa keur naek lift bareng-bareng. Jaba nu kasundutna teh 
  punduk-na si Praja eta. 

  hi hi... teu kabayang kumaha ngajerete-na eta basa kasundut 
  pundukna. 

  "Cik atuh euy, punduk dewek teh da lain asbak. Belegug siah !"
  bari Roko si tukang ojeg direbut, tuluy dikekesek ku sapatuna.

  "Eh..na ari maneh ? roko hiji-hijina, jaba panjang keneh
  kalah ka dikekesek kitu. Teu kahaja dewek mah nyundut teh.
  barina oge punduk mah jauh kana jantung ieuh. "

  Tuluy si tukang Ojeg di sered ka lantai hiji, sarua deuih
  dikekesek deui ku sapatuna. Jebrod-jebrod diteunggeulan.
  Sabot keur kitu, aya Praja wanoja nempo. Reuwaseun nempo
  nu gelut teh, tuluy tulang taleng..eh tulang tulung.

  Kabeneran aya opat Praja keur arulin didinya. Ngadenge aya
  nu menta tulung, lain kalah misahkeun nu gelut. Kalah ka
  milu ngijek-ngijek. Tukang Ojeg geus ngagoler mah, tuluy 
  we arindit eta lima Praja teh.

  Ku Satpam, tukang ojeg tuluy di bawa ka Rumah Sakit, tapi 
  peutingna tuluy maot. Emh..karunya nya..

  Nyaan euy, sihoreng udud teh ngabalukarkeun matak maot...

  Tah..
  Pesen moral tina dongeng ieu nyaeta :
  Mun udud, tong deukeut punduk Praja, bisi maot.

  -dul-



   

Kirim email ke