Bieu maca na koran Pos Kota, sihoreng maotna tukang ojeg anu digebugan teh gara-gara Praja IPDN kasundut ku tukang ojeg, basa keur naek lift bareng-bareng. Jaba nu kasundutna teh punduk-na si Praja eta.
hi hi... teu kabayang kumaha ngajerete-na eta basa kasundut pundukna. "Cik atuh euy, punduk dewek teh da lain asbak. Belegug siah !" bari Roko si tukang ojeg direbut, tuluy dikekesek ku sapatuna. "Eh..na ari maneh ? roko hiji-hijina, jaba panjang keneh kalah ka dikekesek kitu. Teu kahaja dewek mah nyundut teh. barina oge punduk mah jauh kana jantung ieuh. " Tuluy si tukang Ojeg di sered ka lantai hiji, sarua deuih dikekesek deui ku sapatuna. Jebrod-jebrod diteunggeulan. Sabot keur kitu, aya Praja wanoja nempo. Reuwaseun nempo nu gelut teh, tuluy tulang taleng..eh tulang tulung. Kabeneran aya opat Praja keur arulin didinya. Ngadenge aya nu menta tulung, lain kalah misahkeun nu gelut. Kalah ka milu ngijek-ngijek. Tukang Ojeg geus ngagoler mah, tuluy we arindit eta lima Praja teh. Ku Satpam, tukang ojeg tuluy di bawa ka Rumah Sakit, tapi peutingna tuluy maot. Emh..karunya nya.. Nyaan euy, sihoreng udud teh ngabalukarkeun matak maot... Tah.. Pesen moral tina dongeng ieu nyaeta : Mun udud, tong deukeut punduk Praja, bisi maot. -dul-

