Wilujeng enjing kang,
Dina Event AWF ka-4 mah, MC anu geulis teh meni parigel ngabewarakeun yen
angklung teh ti "west java or Sunda". Salajengna naroskeun mana delegasi anu ti
Malaysia (anu gaduh klem bamboo malay). Saatos kapendak delegasina, teras
disampeurkeun, sugan teh rek nyarekan urang Malaysia, eh malah ngajak nembang
laguna Siti Nurhaliza, heu heu heu.
Saena kapayun mah upami Deplu gaduh acara pagelaran kasenian / budaya Indonesia
teh anu nongton dipaparin uninga tempat asal eta kasenian / budaya.
Salam,
Asep
Nandar Robbyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
wilujeng enjing kasadayana,
1. Dina raraga pertemuan menlu2 ASEAN anu diayakeun di Jakarta tahun 2004
anu kalangkung tiap delegasi dipasihan angklung hiji sewang sareng
didemonstrasikeun kumaha cara ngamaenkeunana (tapi teu aya katerangan yen
angklung teh salah sahiji kasenian ti Indonesia).
yayan
Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ahirna simkuring tiasa oge hadir dina farewell dinner Asia Pacific
Telecommunity Wireless Forum ka-4, Kemis wengi, ping 2 Agustus 2007, di Gedung
Arsip Nasional, Jakarta. Pamaksadan bu sofi ngabantos ngalaksanakeun
sosialisasi angklung ka bangsa sanes tiasa kalaksanakeun. Disponsoran ku
Telkomsel, para nggota delegasi dibagi angklung hiji sewang teras diajarkeun
cara ngagunakeunnana; sasarengan maenkeun lagu twinkle-twinkle little star.
Angklungna anu tos dibagikeun dipasihkeun dijantenkeun suvenir kanggo para
delegasi.
Panginten acara kieu teh teu cekap ku sakali. Mudah-mudahan angklung tiasa
dipintonkeun deui dina waktos Indonesia janten tuan rumah event sanesna.
Tapi pamarentah anu âterkaitâ oge kedah enggal ngainventarisir hasil budaya
urang Sunda. Motif batik Cirebonan, Garutan, ssjabn, notasi lagu-lagu rakyat,
carita-carita rakyat, desain alat musik, kalebet angklung, ssjbn kanggo diurus
supados henteu dipatenkeun ku bangsa sanes.
Salam,
Asep
.
---------------------------------
Choose the right car based on your needs. Check out Yahoo! Autos new Car
Finder tool.
Asep
---------------------------------
Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user panel
and lay it on us.