Dina HBH tampilkeun nya kang asep! Anu maena kusnet wae, bagi hiji sewang. Jiga dina postingan!
--- In [email protected], Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ahirna simkuring tiasa oge hadir dina farewell dinner Asia Pacific Telecommunity Wireless Forum ka-4, Kemis wengi, ping 2 Agustus 2007, di Gedung Arsip Nasional, Jakarta. Pamaksadan bu sofi ngabantos ngalaksanakeun sosialisasi angklung ka bangsa sanes tiasa kalaksanakeun. Disponsoran ku Telkomsel, para nggota delegasi dibagi angklung hiji sewang teras diajarkeun cara ngagunakeunnana; sasarengan maenkeun lagu twinkle-twinkle little star. Angklungna anu tos dibagikeun dipasihkeun dijantenkeun suvenir kanggo para delegasi. > > > > > > Panginten acara kieu teh teu cekap ku sakali. Mudah-mudahan angklung tiasa dipintonkeun deui dina waktos Indonesia janten tuan rumah event sanesna. > > Tapi pamarentah anu "terkait" oge kedah enggal ngainventarisir hasil budaya urang Sunda. Motif batik Cirebonan, Garutan, ssjabn, notasi lagu-lagu rakyat, carita-carita rakyat, desain alat musik, kalebet angklung, ssjbn kanggo diurus supados henteu dipatenkeun ku bangsa sanes. > > Salam, > Asep > > > > rusdi yunus <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > syukur atuh kang Asep .... pami bade mintonkeun Angklung sareng kacapi sulingmah ka urang deungeun - deungeun sugan weh atuh.... aya anu kabengbat ku kaseniann urang sunda > > > wassalam: > Rusdi Yunus > Rakyat SUBANG gotong royong subang maju > > ----- Original Message ---- > From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Saturday, July 28, 2007 10:17:43 PM > Subject: [Urang Sunda] Angklung di Asia Wireless Forum (AWF) ka-4 > > > Baraya sadaya, > > > Aya info ti bu Sofi, bade nedunan jangjina sawatara waktos kapengker wirehna upami Indonesia janten tuan rumah forum internasional, anjeunna bakal midangkeun seni budaya angklung sareng kacapi suling ka para tamu. Saurna, dina farewell dinner event Asia Wireless Forum (AWF) kaopat (anu dilaksanakeun di Indonesia ping 31 Juli dugi 4 Agustus 2007) anu nyandak tempat di Museum Arsip Nasional, baris dipidangkeun pertunjukan Yusuf Oebelet, kalayan tarian kolaborasi gondang batak, betawi, gending jawa, sareng rebana interaktif, katut angklung sareng suling. > > > Salam, > Asep > > > Asep > > > --------------------------------- > Pinpoint customers who are looking for what you sell. > > > > > > > > Send instant messages to your online friends http: //uk.messenger.yahoo.com > > > > > Asep > > > --------------------------------- > Park yourself in front of a world of choices in alternative vehicles. > Visit the Yahoo! Auto Green Center. >

