Hiji waktu kuring ka ondangan nyunatan di daerah Bogor. Di ondangan 
teh dihibur ku kasenian organ tunggal ditambahan kendang. Cenah ceuk 
urang dinya mah "Pongdut", Jaipongan jeung dangdut. Duka kunaon eta 
teh diaranan Pongdut da teu aya jaiponganana, nu aya ukur sora 
kendangna wungkul. Nu nyanyi dipanggung barudak awewe rumaja  
sababaraha urang marake pakean anu aduhey, tinggaritek jeung 
tinggareol, sariga cacing kaleob cipanas. Aya oge panyanyi Lalaki, 
saurang, make calana jins jeung kaos. Sorana alus, nyanyina ge sarua 
gutak-gitek nurutan irama kendang.

Di ondangan kuring diuk ditukang. Mimiti mah ngobrol kaditu-kadieu 
sakur jeung nu wawuh.  Ngan kulantaran teu puguh dedengean, da 
kasilep ku sora speker,  Tuntungna ngajentul nempokeun nu 
tinggaritek di panggung. Teu kungsi lila panyanyi lalaki ngomong 
dina mik, cenah saha nu rek nyumbang lagu. Mimiti mah papada arera, 
tapi sulungkrung aya nu wanian. Der nyanyi, sarua gutak-gitek, 
sorana siga embe kacekek, "Si Jablay ....si Jablay", cenah.

Beres nu nyanyi "si Jablay", jebul deui saurang, naek panggung. Der 
nyanyi campur sari, "cucakrawa". Ieu mah sorana rada alus. Nu sejen, 
papada galehgeran, tingterekel naek kana panggung, der jararoged. 
Geus kitu, jelema bareuki waranian, loba nu nyanyi jeung jararoged, 
ongkoh deuih si MC teh rada pikasebeleun, nu acan nyanyi atawa joged 
hayoh digeroan disina nyanyi atawa joged. Tungtungna ampir kabeh nu 
ngariung hareupeun panggung, jararoged, iwal kuring jeung sabaraha 
urang deui. Kuring geus teu ngeunah cicing, walah kumaha lamun ku MC 
digeroan, padahal kuring teu bisa gutak-gitek kitu, komo dititah 
nyanyi mah, teu bisa. Ti SD tepi Ka SMP, peunteun nyanyi teh 
salawasna beureum wae.

"Bapa nu dikacamata, mangga dihaturan kapayun, bilih bade nyumbang 
lagu kanggo sahilbubet", ceuk MC ngagorowok.

Kuring tempa-tempo, saha nu dimaksud MC nu dikacamata teh,  eh 
geuning euweuh, iwal ti kuring. Rey teh getih turun, walah kuring 
dititah nyanyi atawa joged yeuh. Kuring gigideug, ngan cilaka, nu 
gigireun jeung tukangeun, malah ngaromong;  "Hayoh ...hayoh ...", 
bari narangtung jeung memetot kuring ngagusur ka panggung.

Atuh kapaksa kuring nguniang nangtung, suku karasa singsireumeun, da 
waktu diuk suku ngalipet wae. Tapi kawani mah jadi kaluar, ngilu 
ngadigdig ka panggung bari mikir lagu naon nu rek dipenta. Acan ge 
kapikir, pas rek naek panggung pisan, si MC nanya rek lagu naon, 
cenah.

"Tongtolang nangka!", ceuk kuring teh tarik, sakainget. Eh ieu suku 
singsireumeun kabina-bina teuing. Kuring ngarendeg teu jadi naek 
panggung. Ari nu maretot mah geus sing terekel naek kana panggung. 
Ceuk MC teh : "Mangga ieu lagu tongtolang nangka, pamundut ti Bapa 
W".

"Tongtolang nangka teh siga kumaha", Ceuk panjanyi awewe teh rungah-
rungieuh.

"Eh .....eta geuning, totongtolang nangka kawinan bapa", si panyanyi 
lalaki ngahaleuang, bari terus nyodorkeun buku nyanyian. Para 
panyanyi jeung MC jadi pakepuk mukaan buku, neangan lagu Tongtolang 
nangka. Kasempetan yeuh, kuring ngaleos deui, ngagidig ngajauhan 
terus diuk dina korsi anu rada buni.

Sigana kapanggih tah lagu  eta teh, der nyanyi, bari jeung 
dijarogedan :

Tongtolang nangka,
kawinan Bapa, poe Salasa, teu beja-beja",
Aduh ...aduh bapa, ulah midua,
banda teu boga, anak geus rea,
.............

Huh, umur-umuran kakara digugusur dititah joged di panggung, tapi 
untung salamet teu jadi joged dipanggung,  meureun mun joged teh, si 
bungsu, anak kuring anu cerewed,  bakal nyeungseurikeun. Ngan waktu 
balik,  pamajikan ngagelendeng :

"Na ari Papah, teu kira-kira menta lagu Tongtolang nangka sagala!"
"Har ....nya naon salahna?"
"Naha teu nyaho kitu, apan nu BOGA HAJAT teh .....ISTRINA DUA!"
"?????????????"


Baktos,
WALUYA
(Satengahna fiksi)


Kirim email ke