Di rorompok tos aya saparangkat gamelan, kendang, kacapi jeung suling.
Lumayan paranti latihan warga komplek jeung tatabeuhan mun kumpul
kulawarga. Ngan tacan ari manggung mah, ma'lum kasenian sunda di
lokalan mah tos kasered ke organ tunggal.
Warga jeung kulawarga nyuhunkeun dilengkepan ku dogdog reog sareng
saparangkat calung. Tah, bade tumaros ka anu terang :
- Dimana alamatna (Bandung/Sumedang/Bogor)upami hoyong meser dogdog
reog sareng saparangkat calung (pelog & salendro)?
- Sabaraha kinten-kinten hargana ?
-Kedah mesen heula atanapi tiasa langsung meuli-bawa ?
Insya Allah peryogina minggu ieu, sugan we tiasa kapintonkeun dina
acara 17-agustusan.
Hatur nuhun sateuacanna.