Mang Jamal! 
  Tos, kamari wengi jam 9 anjeuna ditelepon, geuning meni ramah kitu nya, 
kaciri pisan urang Ciamisna, simkuring ge urang Banjar apal pisan kana logat 
Ciamis mah, komo deui ieu, lembur anjeuna teh antara Banjar Ciamis.  Jadi resep 
ngobrolna ngaler ngidul kaditu kadieu. Ke ahir September saurna bade uih heula, 
saum teras lebaran di lembur. Ari perkawis silih anjangan mah teu acan 
ngajangjian sanajan perjalanan ngan ukur 2.5 jam anggo kareta api ekspres 
atanapi 4 jam ngangge nu pangmirahna. Ke sugan kapayun.
  Punten yeuh di kantor mah teu tiasa nyerat panjang panjang.
   
  Kang Trias


mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:           
namina Epi Taufik, pameget rada gendut.
urang Ciamis, adi kelas rada anggang di SMAN I Ciamis. damelna dosen di
peternakan IPB, ayeuna keur sakola deui di jerman.

heureuyna kieu, basa ditanya pedah nikah ka urang batak:
apan pamajikan teh kaci opat. nu hiji, urang sunda sabab pinter dangdan,
dua, urang manado, sabab pinter pesta, tilu urang minang, sabab pinter
masak, nu ka opat, urang batak. naha? keur ngajaga nu tilu tadi. haha.

kanu nuju di jerman, caketna Berlin, sok ah silih anjangan.
ieu alamatna

Bruesselerstrasse 42, Berlin, Deutschland
HP +4917676187540

mj

http://geocities.com/mangjamal



         

       
---------------------------------
Moody friends. Drama queens. Your life? Nope! - their life, your story.
 Play Sims Stories at Yahoo! Games. 

Kirim email ke