Heu-euh nya. Dipikir-pikir geus kolot. Ari dirarasa....asa acan keneh umum ngalegleg awak teh...hehe Sok, wilujeng beger mindo. Sanes mapanas, ngan ceuk batur we cenah....umur 40 Tapi mun perspektifna Hikamt Budiman, umur 40 berarti 'menjelang' (naon sundana? mani hese) usia kerasulan. Kudu leuwih wijaksana, leuwih perceka,...leuwih...siga kolot hehe. tapi barina teu kudu nurut kanu nganasehatan kitu....haha...rarasakeun we...
Sok lah, wilujeng beres kuliah...ceuk kuring mah jalma eta teu ngarti yen MJ serius rek kuliah ayeuna mah. Teu ciga bareto...matak sakalian daptar wisuda. MJ, ari wisuda kumaha rarasaan? Da kuring mah can kungsi euy! Beres teh...beres we....lenglang. Tara kagoda ku batur tantan On 8/7/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Hatur nuhun, teh Roro oge mojank akang nu cameuh :) oge kang edy. Cekap we > tiluan, bilih minuhan milis. > > Tapi ngawadul mah bade da resep. > Taun 2007 ieu rek diwawaas. 40 taun. Asa ceuleupeung keneh, asa boloho > keneh. Nya meureun eta mah adat kakurung ku iga. > > Ngawawaasna, taun ieu nulis novel dua, nu hiji baris dipedalkeun ku > Gramedia > Pustaka Utama jakarta, siga Epigram tea. judulna DONG MU, rada neplak > lalakon kang Yaya oge kang Herman Mike Ontohod tukang nuklir tea, nu kadua > dipedalkeun di yogya, ku Bentang Pustaka (grup mizan), judulna DARUL. > Sigana > editorna kang Salman Faridi, ngiringan kusnet oge. Carita teroris tapi > modelna komedi alias heureuy nu ieu mah. > > Aya deui, nu katilu, ku pamedal Bandung Kiblat Buku Utama nu medalkeun > buku2 > basa Sunda oge umum. Nu ieu mah sanes dongeng, tapi buku pikeun msiswa > desain oge umum nu resep, judulna Pengantar Desain Mebel. Tamba diprotes > msiswa pedah nulis novel bae ari buku teks kuliah teu jadi2. > > Geus boga naon umur 40? > Bati dua, si tizzy, karek asup tk nurulfalah. adina, si divdiv, 9 bulan, > geus bisa ngorondang oge keur sagala dihuapkeun tea. Novel geus rek 6, > buku > teks 1. > > Ari nu pangwaasna mah, adi bungsu lulus sakolana, tos wisuda. Maklum jadi > lanceuk panggedena, rarasaan si andiw angger we siga baheula, boloho jeung > ololeho. Adat lanceuk ka adi, underestimate tea. > > Terus, sakola deui. Geus daptar ulang, geus meunang ktm, ngantri ti jam 10 > beres jam 3an. Kusabab tempat daptar ulangna di Sabuga-tempat wisuda tea- > nya kamari teh ka panitia nanya. > "Pa, tiasa teu sakantenan daptar wisuda?" > Si bapa panitia mencrong. Sigana nyarita dina jero hatena, teu cageur > sugan > ieu jelema teh, karek ke daptar geus hayang wisuda. Jawabna bari > nyerengeh, > "Oh teu teu acan tiasa atuh, jang. Engke we tilu opat taun ti ayeuna, > ujang > ka dieu deui. Susuganan." > Haha. > > > -- tantan hermansah www.tantanhermansah.co.nr "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!" --siliwangi--

