Profesor. Pan ari udagan dosen mah, kudu jadi doktor,
gancang jadi profesor. Cum (nilai) hiji buku teh 40.

Ieu mah dongeng salah sahiji profesor di Fakultas
Hukum UI, kabeneran saumur, jadi ngobrolna oge
blak-blakan. Ceuk manehna teh, kahirupan dosen karasa
ngeunah lamun geus jadi doktor, komo deui jadi
profesor. Sabab biasana lamun sering diondang ka
seminar atawa jadi konsultan ahli, honorna beda pisan
jeung anu can jadi doktor.
Pangalaman di FISIP UI, lamun aya dosen anu boga
potensi jadi profesor, "dipenjara", di kampus di hiji
rohangan, sina nyieun paper, atawa buku, bari jeung
dibayaran beaya hirupna (mun teu lepat asana 6
juta/bulan), di luar gaji. Pokona targetna sakitu
bulan kudu bisa nyeieun paper/buku, pikeun cum jadi
profesor. Tapi di MIPA UI, lain deui. Aya dosen,
umurna kakarek 44 tahun, seneng ngutak-ngatik teori
fisika bintang. Ku Dekanna dijeujeuhkeun, sina jadi
ketua tim penelitian teori Fisika, kalayan diwaragadan
ku fakultas (di luar gaji), salila sataun. Jadi si
dosen teh waktuna teu leungit kusabab mikiran "haseup
dapur". Jeung deuih supaya heunteu jadi dosen "biasa
di luar".
Jadi memang, kedah aya udagan-udagan hirup nu beda,
pikeun dosen mah. Mangkana dosen/guru teh dianggap
sabage pahlawan tanpa tanda jasa. 
HIDUP DOSEN.

(punten, teu pisan-pisan bade mapatahan ngojaj ka
meri.Tapi anu jelas mah
MERIdeka..merideka...merdeka!!!)

baktos,

mrachmatrawyani

--- ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Wilujeng Mang J
>   Wilujeng 40 taun.
>   Wilujeng tos tiasa ngarengsekeun novel deui.
>   Hebat lah, 40 taun bari medalkeun novel jeung
> buku.
>    
>   -ika-




      
____________________________________________________________________________________
Park yourself in front of a world of choices in alternative vehicles. Visit the 
Yahoo! Auto Green Center.
http://autos.yahoo.com/green_center/ 

Kirim email ke