Social Networking in Jendela Book Store
asl pls
22 m bgr
ada fs gak
ada lo add gw yach di [EMAIL PROTECTED]
Sakapeung mun ngabandungan nu keur chating boh di Ym, MSN,MiRc,
Skype jrrd, urang sok make kalimat-kalimat nu dilihur. Sok komo mun ka nyi
mojang mah sok teu antaparah weh nanyakan naha boga alamat email keur
Friendster.
Tah ceuk cenah kiwari nu ngaran-na Friendster mah moal bireuk deui
keur jalma mana wae, nu mana ieu Engine Friendster teh nu basis na teh
Teknologi Web 2.0 nu make basa pamograman PHP tea.
Friendster teh sok kiwari sok disebut oge Social Networking,
nyaeta hiji istilah keur neangan kawawuhan di dunia maya, sok komo nu resep
ngoleksi nyi mojang nu gareulis mah si jajaka teh sok nga-add-an FS na ny
mojang, boh di Indonesia atanapon di Luar Nagari.
Kiwari FS ge geus jadi hiji trendi, malihan mah ceuk cenah can aya
Teknologi Web 2.0 nu bisa ngalehkeun katenaran samodel FS teh. Tapi kumaha
cenah ari kawas Blog, Multiply, Wordpress nu hiji Teknologi Web 2.0 oge nu
basisna make CMS ge naha sarua bisa ngelehkeun FS, nya eta mah dumasar
kabutuhan weh jeung beda kalakuanna.
Balik deui ka Social Networking, nyaeta hiji komunitas nu
nambahan kawawuhan di dunia maya. Malihan mah si FS teh loba yasa-na kiwari mun
urang deuk neangan babaturan teh di si FS teh gampang jasa tinggal search weh
naon nu di pikabutuh. Si FS ge bisa nembongkuen profile urang samodel web
pribadi.
Tah mereun ceuk uing mah nu kitu ngaran-na Social Engineering
teh, hiji wadah nu loba mangfaatna, nya salian kitu ge si FS kiwari geus loba
di salah gunakeun ku oknum-oknum nu asusila, teu percanten mangga weh cobian
ku nyalira.
Tapi hiji istilah deui nu disebut Social Engineering nu sok
disebut-sebut teh naha aya patula-patalina jeung Social Networking. Ari dinu
istilah na mah hampir sarua, nang ilaharna ari Social Engineering mah sok di
suat-suat dinu istilah masalah Security Computer, malihan mah dinu hiji
sertifikat nu judulna STEP TO BE A Hacker, nu di lalarkeun ku hiji lambaga,
didinya aya nu ngaran-na Social Engineering, nu mana ieu Step teh penting
pisan keur jalma nu hayang jadi HACKER.
Kunaon penting sabab, dina kamus wiki atawa milist hacker sok
diistilahkeun mun urang hayang ngabobol server batur atawa server parusahaan
urang, urang teh kudu nyaho heula seluk beluk security na si server, naha make
Sistem Operasi naon, laju make si Tembok Seuneu (Fire Wall), naha make anti
bootloader jrrd.
Tah tahap-tahap nu kitu desutna SE tea. Tapi naha aya hubungan-na
SE teh jeung urang Halimun Salak tea, nya pasti aya, sabab mun ceuk kolot
baheula mah mipit kudu amit ngala kudu menta ngadeug kudu bewara dahar kudu
suci, sabab mun urang deuk ulin ka Halimun Salak teh kudu nyaho heula
celah-celah na naha bisa diaprak atawa ditraking baraha lila naha jalanna bagus
atawa jore.
Balik deui ka istilah Social Networking atawa SE , ieu ge bisa di
pilampah lain di dunia maya kawas internet, bisa oge di kahirupan sapopoe. Basa
poe saptu 4 agustus 2007 nu dumukna di Toko Buku Jendela nu alamatna di komplek
Lipi Jalan Cikabuyutan no. 6 (http://www.jendela-online.com ) teu jauh ti
terminal Baranang Siang, diayakuen riungan ngeunaan Komunitas Bogor Menulis.
Ieu kagiatan teh sabenerna mah keur nu resep nulis atawa nu resep
kutrat-kotret dinu buku. Nu daratang ka ieu gempungan teh leuwih ti dua puluh
urang-na. Nu mana ieu gempungan teh di tempatna kang ananda. Nu jadi pupuhu na
teh nyaeta pa ajit jeung di moderatoran ku Bah Syam, teu poho oge kadongkapan
ku Pa Upu, Pak Rudy jrrd. Jeung deui aya nu matak kataji didinya ku Kang Asep
nu jadi presentasi ngeunaan cara nyieun tulisan tea. Salian ti eta oge nu
daratang teh lain ti milist hungkul malihan aya hiji novelis budak ngora bogor
nu geus nyieun 3 buku novel, aya deui barudak ti IPB, Unida, jeung Pakuan. Teu
hilap oge Kang Hilman nu mere pituduh oge ngeunaan Jurnalistik.
Acara ieu teh dimimitian ti tabuh dua nepi ka tabuh lima sore.
Jeung deui Kang Ananda teh kungsi nyieun kagiatan samodel palatihan jurnalistik
di Unida, kamari nawaran oge ka barudak IPB bisi bade nyalenggarakeun palatihan
jurnalistik oge.
Tah di ieu gempungan, salian ti nambahan babaturah jeung kawawuhan
urang ge bisa nyaho nu mana jirim na, panan ari di milist mah ngaranna sok
disumputkeun. Tah ieu ge disebut SN, sabab kawas FS weh tiap urang nga add di
FS di gempungan ge tiap urang ngobrol atawa nyaho jirim na eta bisa nambahan
kawawuhan urang. Tah kukituna hayu atuh nga add FS urang teh lain ti dunia maya
wae tapi di dunia nyata oge, ngeunah nya ari loba batur mah, kamana-mana asa
sempit .. heheheh
Cag ach.
Mimiti jadi anak bawang
Laju weh teu dipalire
Laju weh di pusuhan
Antukna jadi Jawara
(Ceuk mahatma Gandi ka uing)
Yayan Mulyana
[EMAIL PROTECTED] / 081310915712
http://balebat.blog.com
http://www.geocities.com/majalah_balebat
---------------------------------
Yahoo! Answers - Get better answers from someone who knows. Tryit now.