Wisuda kahiji mah di gedong pangbututna, gsg nu wangunanana tina seng kaleng
beusi. Paranti maen indoor softball. Resep, loba jelema. Haha. Pikiran mah
baluweung, geus lulus terus kumaha? Da sakola teh ngadon sakola we, hayang
apal wungkul. Teu boga cita2. dasar ceuleupeung tea.
Ari ideuna milu wisuda mah hayang nyugemakeun nu jadi kolots. Indung bapa ka
bandung. Si bapa mah make baju batikna oge nu si kuring paranti ondangan.
Haha.
Kaduana, di itb mah jaman ti beh ditu keneh, duka ayeuna, ari wisudaan sok
aya gelut rombongan antar jurusan. Sok miluan bari embung kateunggeul. Atawa
mun keur teu purun, ngadon lalajo bari taki2 bisi aya nu neunggeul. Biasana
senirupa jeung tambang, geologi atawa sipil. Atawa sipil jeung geologi.
Hehe. Satpam kampus ge geus apal adat barudak, diantep we. Geus carapeeun
ge, alakur deui.
Wisuda kadua, di sabuga. Gedongna gaya yeuh nu ieu mah. Tapi hanjakal,
jomblo keneh bae, nya mawa alo meh rame. Bapa harita teu ka bdg, kurang
sehat. Terus ka kebon binatang tamansari. Si alo menta dipupunggu da sieun
maung.
Karunya ka nu jadi indung, anak cikalna -pangkasepna deuih- jomblo keneh
bae, nya ngabejaan salah saurang babaturan nongton, sina nyusul. Teu
nyangka, si eta ayeuna jadi indung budak.
kamari si andi wisuda, da pun bapa mah teu ngingu sapatu, jadi
dipangmeserkeun heula. Heuheu.
Ma'lum kulawarga katro bin kutukupret. Hehe.
Posted by: "tantan hermansah" [EMAIL PROTECTED] tantanhermansah
Date: Mon Aug 6, 2007 11:52 pm ((PDT))
MJ, ari wisuda kumaha rarasaan? Da kuring mah can kungsi euy! Beres
teh...beres we....lenglang. Tara kagoda ku batur
tantan