Haturan kang/teteh Su (m) aya paribasa "Moal bogoh mun wanoh, moal geugeut mun teu deukeut...", biasana urang Sunda mah sok norolang nikukur siga manuk lamun pancakaki teh, kukitu sok atuh sing jelas saha anu saleresna ngarah wanoh...komo dugi ka bogoh mah....hehehe...(saha nu terang saalmamater waktos di sma) teu hilap nepangkeun sim Iim (boim) kawit ti sumedang oge (Paseh Kaler) ayeuna nuju bumen-bumen di dayeuh Bandung.
cag..ah, nuhun. "kkbm'69" On 8/8/07, Kabupaten Sumedang <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sampurasun > Haturan para wargi sadaya... > > Langkung tipayun simkuring bade negeskeun yen simkuring mah sanes jalmi > nyata... mung ukur salah saurang warga dunia maya nu hoyong ngiring aub > ngadu bako di ieu milis. Nami cekap wae Su(m), Kawit tisumedang, ayeuna aya > di tisumedang, damel ngaplodan hal-hal kasumedangan ka multiply, mangga > jugjug sareng tingali di tisumedang.multiply.com. Ka sadaya kadang warga > nu gaduh hal-hal ngeunaan kasumedangan sareng bade digegelkeun ka mp > simkuring dihaturanan pisan... diantos di ieu surelek. > > Hatur nuhun ka ki kuncens nu tos nampi kahoyong simkuring janten anggota > ieu milis. > > Sakitu heula ti simkuring, > Sunda jaya! > -- > ~]:tisumedang.multiply.com:[~ > >

