Rampes Kang/Neng?
Hiiiii*.paingan ni maruriding bulu punduk kieu pami sanes jalmi nyata mah? 
Ke*ke*asa-asa bau *.( pangambung bari renya renyu) menyan ieu teh*pacampur 
sareng minyak si nyongnyong. Kenal atuh sareng Neng Kun-kun, Cep Tuy-tuy, Kang 
Poc-poc, Suster Ngesot, Mak Lampir, sareng rerencangan nu lianna? 
hiiiiihiiiii....

Sing jelas atuh Kang/Neng, biasana sok "ngondang curiga" pami hawar-hawar kieu 
mah* sieun katohyan nya? heuheu*
Nepangkeun abdi Roro, sami urang Sumedang ti wewengkon Cikareo-Wado, mung tos 
aya kana 20 taunna linggih di Bandung.
Leres saur Kang Boim, pami jelas mah boa teuing urang teh katalian baraya*

ro2
aswad

>>> [EMAIL PROTECTED] 08/08/07 07:43AM >>>
Sampurasun
Haturan para wargi sadaya...

Langkung tipayun simkuring bade negeskeun yen simkuring mah sanes jalmi 
nyata... mung ukur salah saurang warga dunia maya nu hoyong ngiring aub ngadu 
bako di ieu milis. Nami cekap wae Su(m), Kawit tisumedang, ayeuna aya di 
tisumedang, damel ngaplodan hal-hal kasumedangan ka multiply, mangga jugjug 
sareng tingali di tisumedang.multiply.com. Ka sadaya kadang warga nu gaduh 
hal-hal ngeunaan kasumedangan sareng bade digegelkeun ka mp simkuring 
dihaturanan pisan... diantos di ieu surelek.

Hatur nuhun ka ki kuncens nu tos nampi kahoyong simkuring janten anggota ieu 
milis.

Sakitu heula ti simkuring,
Sunda jaya!
-- 
~]:tisumedang.multiply.com:[~ 

Kirim email ke