Sok sanajan geus dua kali mayar pajeg motor, tapi kuring ngarasa can jadi bikers sajati. Lain ku pedah motor anu dipiboga matic, sahingga katinggali kurang jantan. Tapi komitmen kana permotoran rada kurang. Beda pisan jeung dulur urang anu ayeuna janten PNS di Bakosurtanal, Kang Dian. Basa ninggali anjeuna make motor, mani lengkep. Mastaka nganggo lapisan kulit, salian ti helm anu bermerk. Teras ngangge kaos tangan anu kulitna oge sae. tangtu oge anjeuna jaket kulit anu hade. Jadi payus mun disebut salaku "bikers sejati" teh.
Ari kuring, loyalitas kana motor eta memang rada 'rendah'. Urang tatan hiji-hiji: 1. Boga helm MDS sanggeus boga motor satengah taun. Eta oge pedah we magrib2 motor anu ditumpakan ngajuralit pedah tunduh jeung katinyuh hujan ngadadak. Cape jeung perbawa perobahan cuaca sabab jungkirna pas magrib. Helm anu dipake bejad. Duka sirahna mah, ngan rumasa beuki dieu asa beuki hese mikir, asa beuki hese nginget (komo hutang mah), asa beuki...Nya kapaksa, jeung deui nasehat ti pamajikan meuli helm rada serius. Meuli MDS (can anu hade) harga 160 rebu. Nya lumayan lah. Kabuktiana basa kuring ngajuralit deui pedah ngerem ngadadak da sieun nabrak batur tepi ka garpu hareup bingkeng, helm eta mah ngan bared wungkul Tapi kacana rada ungklak-ingkleuk dan strukturna rada rubah. Tapi beugeut sok sanaja 'nyosor' aspal masih salamet. Alhamdulillah. 2. Boga jaket kulit jang nahan awak tina angin ge kapaksa meuli anu seken. Nu anyar mah teu kabedag. Sok sanajan seken, kuring kudu rada 'negosiasi' jeung pamajikan. Maklum harga 225 rebu. Asa rada mahal keneh euy. Tapi saprok panyakit sarap kuring sok 'kumat' gara-gara angin anu nyababkeun produktifitas jadi turun, sigana harga sakitu teh teu katipu. Komo mun meuli anyar mah. Wah...kudu ngiridit atawa ngagadekeun motor sigana. hehe. 3. Kaos tangan Kungsi boga. Tapi anu biasa, jadi sok ngaganjeul, jadi we teu ngenaheun make motor teh. Antukna, tara make, diselapkeun we na motor. Ragrag. Beuki we hoream. Antukna, saderek sadayana. Kuring siga si Rawing (emut keneh teu pahlawan Sunda dina dongeng wa Kepoh?). Leungeun geseng hideng tepi kana peupeuteyan. Kadang di tempat buburuh barudak nanya, Eta kapoe, Pak. Enya ceuk kuring teh. Gratis. Da batur mah hayang hideung teh ka Bali moe bari mayar...hehe 4. Akhirna, Helm MDS kuring teu bisa make kaca.Sempet 2 poe teu make, beunget asa kandel. Komo deui biasa balik peuting. Jadi teu make kaca teh mani sangsara pisan. Ngarasa kitu, uber-uberan di bogor neangan kaca helm merk eta. Hayang anu heurang. Tapi dikeresakeun, teu aya anu cocog. Aya anu cocog (acan dipasang tah) hargana mani sarua jeung helm na. Teu jadi we. Aya deui anu cocog (50-an rebu) tapi barang rek dipasang, ternyata helmna geus teu nyangkol kana kaca. Antukna kuring ulak-ilik kana helm anyar. Babaturan anu nganteur, mere nasihat mun rek meuli anu kelas 2, beuli merk INK. AGV mah mahal pisan da. Rp: 500 rebu leuwih. Ngareret kana INK, tapi hargana geuning 350 rebu. Wah mahal keneh. Kuring kudu ngajukeun proposal khusus mun hayang eta barang. Akhirna nurunkeun deui. Aya KYT, INDEKS, SNAIL. Nyoba-nyoba, Snail rada cocog. Hargana lumayan kabeurik lah. 250 rebu. Nya akhirna eta we dibeuli. *** Tapi sok sanajan kitu. Kuring masih keneh diajar jadi bikers. Conto, mun macet, nya ngantri we, lain sulap selip matak pikahariwangeun nu boga mobil sieun kadupag kaca spiona. Atawa tara kebut-kebutan. Tapi da hese. Asli. Salian ti eta, daya jelajah kuring masih keneh eleh ku rengrengan KUSNET nu sejen, saperti Irfan, Runa, Reza, atawa saha deui tah da kuring teu apal kabeh. Estu, daya jelajah kuring masih keneh ka tempat buburuh anu di bogor, sasakali ka jakarta. Rata-rata sapoe masih keneh 92 KM (mun ka jakarta) jeung 20 KM mun di bogor wungkul. Bulak balik ampir tara rubah siga Emanuel Kant. Kadang poe ahad sok rada kumalayap. Tapi samotor 4-an. Kuring, Pamajikan, budak anu panggedena di hareup, jeung nu leutik di tengah. Asa watir mani rebo. Tapi resep da jeung kulawarga. Tetela, jadi bikers teh kudu diajar teu eureun. Cilaka 3 kali sigana kudu cukup. Ulah nambah. Mun motor, teu nanaon nambah. Ngimpleng2 hayang boga Treko euy (Sapeda Mesin, anu cenah sapoe waragadna ngan Rp. 800 perak keur jarak tempuh 80-90 km), tapi rada hayang oge Bajaj Pulsar, sabab trendi jeung tagogna alus; tapi...sabage Yamaha Minded, hayang oge boga V-xion. Aya nu rek ngamodalan? Baktos tantan

