Nuhun Kang Tantan.
 Sami2 Bah
Nu matak kitu kang, rada aneh oge, nu sejen loba nu muji, tapi ku sang

> professor malah rada dijejeleh, dianggap M Yunus teh lolobana gagal
> tinimbang suksesna. Meureun pedah Greemen Bank tetep make sistem
> konvensional, lain sistem "syariah" .
>




Muhun. di Nagri dengen, conto Malaysia mah geus diskusi kumaha
ngasyari'ahkeun kartu kredit, obligasi, jrrd anu nyababkeun ekonomi syari'ah
beuki euyeub, ieu kalah neangan codeka ka anu jelas lumayan sukses.
Ceuk kuring, boh anu dilakukeun ku Grameen, atawa Bank Syari'ah lainna,
tetap ngarupakeun produk manusa anu tangtu bae aya lemahna. Bank Syariah,
atawa Ekonomi Syari'ah sorangan ngarupakeun hasil ijtihad para ulama, anu
ngusahakeun supaya konsep-konsep al Qur'an jadi operasional. Ari anu namina
'ijtihad' tangtu pisan dipangaruhanan ku jaman (waktu) jeung tempat.
Tangtu teu nutup mun dikritik, disaean, dibebener deui supaya maksud intina,
nyaeta nyejahterakeun rahayat kacumponan.


Ngan ari ceuk kuring mah nu awam, sigana memang rada hese nyalurkeun kridit
mikro (leutik pisan) make sistem BAGI HASIL teh. Sabab aranna oge "bagi
hasil", nu nginjeumkeun (Bank) kudu pipilueun pisan dina manajemen usaha nu
nginjeum. Da lamun henteu mah, bisa-bisa duit bank teu balik deui. Keur
usaha-usaha galede mah teu pati masalah model kieu teh, ngan ari keur usaha
laleutik tur jumlahna rea mah, rada riweuh oge da meureun bank perlu pagawe
loba keur ngilu ngamanage usaha-usaha nu ngararinjeum.
Leres Bah. Ekonomi Syari'ah sanes Ekonomi Allah. Anu mun urang ngagunakeun
sistem eta, langsung jadi bajik, bijak, jeung moralis. Eta mah balik deui
kana sewang2an. Aya bocoran, sistem ekonomi syariah di Indonesia susah
'berkembang' sabab pemegang kapital besar anu aya di pasar saham dicekel ku
Gudang Garam, Jarum, jeung Sampoerna (anu ngarupakeun pabrik udud). Coba,
rek kumaha, bisa syariah anu murni mun invesna dina pabrik udud anu nota
bene can tangtu halalna.
Salian ti era, Ekonomi syari;ah nungtut kapercayaan. tah sabaraha harga eta?

Grameen nyobaan mere kapercayaan ka nasabah anu miskin supaya manehna sadia
ngaronjatkeun hirupna. Grameen bisa jadi hiji2na Bank anu bogana 7 juta
leuwih jalma miskin.
Balik deui ka eta profesor, manehna ngan ngitung kana interest anu
dilakukeun ku eta Bank, teu ninggali saha anu boga bank. Mun interestna
gede, hasilna gede, tangtu revenu akhir taun gede. Sanes kitu? Kanggo saha?
Kanggo nu boga saham. Saha? Jalma miskin anu 7 juta leuwih.

Beda jeung cara konvensional, lamun nginjeum duit kudu make jaminan, kakara
dibere. Kucara kitu aya jaminan duit bank balik deui, bari teu kudu loba
pagawe. Tapi Bank Syariah oge bisa ketang, ngan prinsipna dirobah lain Bagi
Hasil tapi JUAL BEULI. Butuh duit, jual barang ka Bank, terus dibeuli deui
ka Bank ku jalan dicicil, hargana dileuwihan weh, beres .......

Bah, kuring rek JUAL BELI jeung salah sahiji Bank Syari'ah di Indonesia. Rek
ngagadekeun SK, Sertipikat, jrrd lah. Tapi hese, cenah teu lulus. Duka
kumaha. Akhirna, nya ka Bank konvensional. 2 kali ngajukeun, 2 bank, 2 kali
ditolak. Padahal kuring urang slam, ngajar di kampus Islam hehe. hese we....

Punten ah nyanyahoanan, sugan aya baraya nu langkung paos soal bank
(Konvensional, syariah atawa Greemen Bank)?

Kuring jeung lembaga keur neuleuman per-syariah-an ieu. Kaasup kasus kuring
ditalungtik.Bisa jadi, Bank Syari'ah embung ka kuring, komo deui ka anu
(punten) leuwih masakat batan kuring. jadi we tepi ka danget ieu, share na
leutik wae, dan embung ka anu leutik (siga kuring).

Baktos,
WALUYA

sami2
Tantan

Kirim email ke