Leres pisan, sok urang mitemeyan di tatanggi urang sewang-sewangan. Upami aya
tatanggi atanapi wargi urang anu bade usaha tapi teu kagungan modal awal, cing
jeujeuran sareng jeujeuhkeun ku urang anu aya tabungan. Tong dikawitan ku modal
anu ageung, saluyukeun sareng kaperyogian usahana. Misalna usaha icalan
katuangan sapertos baso, kueh, sangu koneng, srrd. Upami tos lancar tiasa muka
usaha anu sami di tempat sanes. Upami di mana-mana tos aya usaha anu sami, teu
aya awona digabungkeun janten usaha anu rada ningkat, sapertos kawitna icalan
dina roda, kungagabung janten kafe, atanapi dina mobil. Janten teu sagala
kunyalira, bagi2 tugas, anu masak teraskeun masakna. anu ngical teraskeun
ngicalna. Insya Alloh kucara kitu sadayana tiasa cepeng damel. anu piun dina
ngadamel kueh, ngadamel rujak, ngadamel kupat srrd. sadayana sinergi, ngarojong
saling majengkeun. cing kumaha tah??? baktosna aki tams.
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > From: Dian Nugraha
> Mung nyaeta, diperyogikeun anu siga Prof. M. Yunus anu mitembeyan
> mercayakeun investasi syari'ah pikeun usaha leutik. Numutkeun websitena,
> dina
> jeroning 3 taun mimitina, Grameen Bank teh untungna negatip.
Sapuk lah urang antosan we jalmi siga Prof M, Yunus, teu penting soal versi
bankna mah, bade bank konvensional atanapi bank Syariah ge, nu penting nu
laleutik tiasa katulungan.
Baktos,
WALUYA
---------------------------------
Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.