Resep pisan maca lalakon lalampahan neng Agi ka Ciptagelar. Nambih wawasan 
pribados.
   
  Ieu mah sakedik mairan bagian pargaraf ”Gerak dinamis jeung erotis eta teh 
kungsi meunang ’sentilan peureus’ ti nu lalajo nu datang ti Bandung. Ngan, da 
kumaha atuh, cenah ge: ”Di mana langit di pijak, di situlah langit dijunjung.”
   
  Numutkeun pribados, ”dimana bumi di pijak, di situlah langit di junjung” teh 
paribasa urang Minang. Paribasa ieu biasana dianggo ku urang Minang anu 
ngumbara tebih ti ranah Minang, upami teu lepat maksadna urang Minang kedah 
mawa diri (menyesuaikan diri) luyu sareng adat istiadat di tempat ngumbara. 
Naha paribasa ieu cocog upami diterapkeun ka masarakat cipta gelar? Jigana 
henteu kumargi urang Cipta Gelar henteu ngumbara teras menyesuaikan diri sareng 
adat sejen.
   
  Paribasa anu langkung cocog digunakeun panginten ”ngigelan jaman” atanapi ” 
ngindung ka waktu, mibapa ka jaman”. Kumargi ayeuna jamanna jaipong dungdat nya 
jaipong dungdat oge dibudayakeun di eta wewengkon. Sanes kitu? Saneeees saur 
manuk meni reang.
   
  Harepan pribados mah mugia seni budaya asli di Ciptagelar tiasa lastari 
henteu ilang kadesek ku budaya kontemporer (sapertos pongdut) supados 
kabeungharan seni budaya di tatar Sunda oge lastari.
   
  Salam,
  Asep
  

agni malagina <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Seri Road to Holy Land: pongdut vs debus, Seren Taun Ciptagelar Agustus 2007
  agni malagina, 
  diterjemahkeun ku Kang Mumu
   
  Si kuring miluan lalampahan ka Ciptagelar bareng jeung kasepuhan 
Sindangbarang, tgl  4-5 Agustus 2007.Lalampahan salila 7 jam ti Bogor teh matak 
kaget si kuring. Daerah tarahal kudu disorang sanggeus Palabuan Ratu ka 
Ciptagelar ngaliwatan desa Cengkuk jeung Ciptarasa. Meh 3 jam awak dioyag-oyag 
dina mobil narabas leuweung ngaliwatan jalan batu jeung taneuh nu lungkawing. 
Naha kudu kieu lalampahan nalungtik budaya Sunda teh? Naha kudu kieu lalampahan 
neangan “jati diri” teh? Luar biasaaa..
   
  Tabuh 4 pasosore. Si kuring spk nepi ka Ciptagelar. Sukurlah...si kuring spk 
nepi ka nu dijugjug kalayan sehat padahal daerah nu kaliwatan teh sakitu matak 
meres tanaga. Kaayaan di Ciptagelar haneuteun pisan. Land Rover ngajajar, 
bikers-bikers markirkeun sapeda-sapedana. Rame….Tiris stabil mimiti karasa ku 
si kuring. Ngan wae tirisna eta daerah Gunung Halimun teh ngadadak nyingray 
basa si kuring ngadenge ramena  pongdut di lapangan Ciptagelar beulah handap. 
Naluri dangduters si kuring buru-buru mawa ieu suku ngalengkah neangan eta 
karamean. Ngaliwatan pakampungan nu rame, ngaliwatan tenda para padagang nu 
ngajual rupa-rupa barang karajinan masarakat adat nepi ka Coca Cola....geuning, 
Coca Cola ge nepi ka Ciptagelar. Luar biasa Amerika, euy…
   
  Kacida helokna si kuring sanggeus nepi ka deukeut panggung pongdut tea...nu 
nyanyi dangdut teh make kostum warna biru  gutak-gitek, ngagual-geolkeun 
imbitna. Hebat...manehna make hotpants jeans jeung kemben warna biru. 
Gerakanana erotis nuturkeun pamaen musik nabeuh lagu ”Kucing Garong”. Teu 
disangka, teu dinyana...samemeh Upacara Seren Taun...saencan upacara adat nu 
geus lumangsung salila 600 taunan, aya pintonan pongdut nu sakitu ”dahsyatna”. 
Teu katinggaleun saweran ge dimimitian...1000, 10000, nepi ka 50000. Pongdut 
memang mesin duit nu produktip. Hebat...
   
  Poe beuki nyerelek, tambah sore jeung tiris. Lapar ge datang. Si kuring jeung 
salah saurang sobat  mutuskeun kaluar tina karamean pikeun neangan hawa seger 
jeung suasana simpe. Si kuring duaan manggihan nu keur balap naek jambe. Rame 
pisan. Lalaki, awewe, kolot, ngora, silihbantu pikeun nyokot hadiah-hadiah nu 
ngagantung di puncak kai jambe, kaasup nyokot sabotol Coca Cola. Nempo Coca 
Cola ngagantung, si kuring duaan langsung ngarasa geus kudu buru-buru neangan 
tamba haus. Si kuring turun ngaliwatan taneuh garing pinuh ku kekebul nuju ka 
sisi sejen pakampungan Ciptagelar. Sinyal kuat si kuring duaan nangkep 
prekuensi mi instan nu digodog. Buru-buru si kuring duaan nyampeurkeun warung 
leutik deukeut leuit-leuit nu ngabadega kalayan angkuh nu jumlahna puluhan... 
  ”Ceu, nganggo sangu, nya...”
  ”Mangga, Neng. Tuang di bumi wae yu, supaya rineh.”
  ”Nuhun Ceu, enakan di warung.”
  Teu lila  datang dua mangkok mi godog jeung sapiring sangu beas beureum.
  “Neng, di dieu mah teu kenging ngajual sangu. Ngan Eneng tiasa nyuhunkeun 
sangu sakahoyong Eneng.“
  “Wah....hatur tengkyu, Ceu.“
  Luar  biasa.
   
  Beuki poek, peuting, tiris. Si Kuring spk istirahat di Wisma Sudin Budpar 
Sukabumi bari ngareungeukeun sora pintonan Jipeng di panggung deukeut wisma 
budpar. Tapi beuki lila…ceuli si kuring rada kaget ngareungeu lagu “Kucing 
Garong” nu kawasna mah kaluar ti speaker gede di panggung Jipeng. Si Kuring 
ngawaskeun tina jandela…jeung…waaw…pongdut “berjaya” deui.
  Si kuring kahudang deui rasa panasaranna pikeun nempo pintonan di panggung 
Jipeng. Jeung memang bener...sanajan seniman Jipeng masih dariuk dina panggung, 
tapi pintonan geus diganti ku pongdut Ciptagelar. beuki peuting, beuki tiris, 
gerak erotis dangduters oge beuki motah...
  Lalaki-lalaki oge geus wani naek ka panggung milu ngibing bareng jeung nu 
nyanyi. Teu kawas dina panggung waktu beurang...katempo pada areraan.
  Gerak dinamis jeung erotis eta teh kungsi meunang ’sentilan peureus’ ti nu 
lalajo nu datang ti Bandung. Ngan, da kumaha atuh, cenah ge: ”Di mana langit di 
pijak, di situlah langit dijunjung.” Cek si kuring mah, fenomena Pongdut di 
Kampung Masyarakat Adat Ciptagelar bisa jadi kajian budaya ditilik ti 
multidisiplin. Peuting beuki tiris, tiris oge nu maksa si kuring ninggalkeun 
karamean panggung. Si kuring milih ngabungkus awak make sleeping bag...tibra 
dina mongklengna peuting.
   
  Upacara Seren Taun dilaksanakeun jam 9. Arak-arakan rame pisan. Debus, 
rengkong, angklung gubrag, jadi kokojo arak-arakan Seren Taun Ciptagelar. Nepi 
oge ka tungtung acara, ritual majikeun (ngasupkeun) pare ka jero leuit Si Jimat 
nu dipingpin ku Abah Anom jeung dituturkeun ku istri munggaran sarta tilu 
budakna. Prosesi lumangsung kalawan ”hikmat”. Pantun Sunda dihaleuangkeun 
pikeun muji Pangeran dibarengan ku jentrengna sora kacapi. Upacara rengse jeung 
acara Seren Taun Ciptagelar oge lekasan...
   
  Si Kuring ngan bisa nyokot sababaraha gambar jeung mikirkeun sababaraha 
masalah jeung karamean nu kapanggih dina lalampahan munggaran ka 
Ciptagelar...bisa jadi oge  lalampahan pamungkas pikeun si kuring.
  Sababaraha lalakon jeung ’pemandangan’ nu kapanggih ku si kuring salila 14 
jam di Ciptagelar nyababkeun si kuring bungah sakaligus bingung. 
Hahahaha....jeung, saperti biasa, nimbulkeun loba pananya dina uteuk si 
kuring....
  Kumaha carana kulawarga Abah Anom bisa nepi ka Ciptagelar? Geus 600 taunan 
maranehna aya di suku Halimun, naha masih keneh aya kahayang balik deui ka 
tempat asal maranehna (Pakwan Pajajaran baheula)? Naha maranehna baris neangan 
akarna? Wanoja-wanoja di Ciptagelar sakitu beresih, bodas, jeung mibanda ciri 
pisik mirip etnis Cina, naha maranehna miboga hubungan pancakaki naon jeung ras 
Mongoloid? Pakampungan maranehna sakitu solidna, kumaha carana maranehna bisa 
cicing di tempat nu sakitu nenggangna? Kumaha carana maranehna bisa tetep 
survive? Kumaha tatagaul maranehna nu dumuk di eta tempat?  Kumaha sistem 
duduluran (kekerabatan) jeung perkawinan antarpenduduk? Kumaha kahirupan 
awewe-awewe  dina masarakat adat...ku sabab maranehna geus karawin dina umur nu 
masih ngarora keneh? Kumaha pangaruh Pongdut dina kasenian di lingkungan 
masarakat adat Ciptagelar? Kumaha kahirupan ruang publik di eta daerah? Kumaha 
memori kolektip masarakat Ciptagelar bisa tetep lumangsung nepi ka
 ayeuna? Naha tradisi dina kahirupan maranehna geus ngageser? Basa Pongdut 
leuwih dipikaresep tibatan kasenian saperti debus, jipeng, jll-na nu mekar di 
kampung adat.....duka teh teuing...loba keneh pananya teh....
   
  Lalampahan si kuring spk Road to Holy Land mawa si kuring spk ka 
Ciptagelar…jeung si kuring spk bakal terus neangan…..
   
   
  Salam,
   
  Agi
   


<embed src="http://images.multiply.com/multiply/horizontal-headshot-badge.swf"; 
type="application/x-        

---------------------------------
Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect.  Join Yahoo!'s user panel 
and lay it on us. 
     
                       


Asep

       
---------------------------------
Park yourself in front of a world of choices in alternative vehicles.
Visit the Yahoo! Auto Green Center.

Kirim email ke