Assalamualaikum Wr. Wb,

Kang Rachmat, abdi maos email akang ngeunaan LMD, jadi asa kagagas 
deui yeuh, munkitu mah akang teh senior abdi di LMD ,margi abdi ge 
alumni LMD angkatan 70 mun teu lepat mah rombongan ti UI (Mesjid ARH 
UI). Masih emut keneh penceramahna, Bang Imad, Ustadh Miftah Faridh, 
Prof Sadli, Bang Irfan Mansyur, Bang Yan Organus, Ust. Jalaludin 
Rahmat, dsb.  Harita pernah digrebeg pulisi ka Mesjid Salman, kuring 
saparakanca disumputkeun di Kantin Kharisma, bari pulisi nu datang 
di bebenjokeun kana kagiatan merangkai bunga di Salman. he..he 
Alhamdulillah aman dugi ka rengsena. Jadi asa hayang deui napak 
tilas yeuh ka Mesjid Salman, kantin mahasiswa Kharisma na apa masih 
nyondong keneh ? asa hoyong papendak deui sareng alumni LMD terutami 
nu saangkatan kapungkur wararaas.

WWW,
Baktos abdi
Pun Ontohod
nu kaleresan
nuju noongan

--- In [email protected], MRachmat Rawyani 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Jadi emut pangalaman baheula waktu jadi mahasiswa.
> Tahun 1980 an kuring saparakanca ti UI, ka Masigit
> Salman Bandung, ngiringan Latihan Mujahid Da'wah (LMD)
> angkatan 50. harita teh mun teu lepat mah para
> penceramhna aya Bang Imanuddin, ustadz Miftah Farid,
> ssjb. aya kana opat dinten mah ngarereb di mirhab
> masigit Salman.
> Pas mulang ka Jakarta, samemeh kaluar to ti jagorawi,
> beus anu ngangkut peserta teh, dikawal ku mobil
> tangtara, digiring ka kantor KODAM V Jaya. Ka para
> panumpang teh petugas ti KODAM mentaan KTP atawa tanda
> pengenalsejenna, terus dicatet, dititah nanda tangan
> formulir. Persis siga anu didongengkeun bah Willy,
> urang teh mani jiga "pesakitan", jalma anu panghinana.
> harita teh tangtara anu "nginterogasi" pangkat
> panghadapna teh kapten. Meureun ayeuna mah geus jadi
> jenderal, atawa pangsiun. Panasaran hayang kapanggih,
> kumaha tah komentar manehna ayeuna, waktu baheula
> nginterogasi mahasiswa.
> 
> Kamari ieu, jaman reformasi (1998), kuring oge
> pipilueun ngiluan para mahasiswa UI ka MPR/DPR. Harita
> mah spontan wae, aya kereteg, perlu yeuh
> didokumentasikeun kagiatan mahasiswa UI ka MPR. harita
> mah, rombongan mahasiswa UI ti Depok teh dikawal ku
> pulisi nepi ka Gedong MPR Senayan. Sababaraha kali
> mideokeun aksi-aksi di kampus UI. Teu lila kuring
> dideukuetan ku hiji jalma, bari jeung mere kartu nama,
> pokna teh "Pa, nanti kalau ada kegiatan aksi-aksi
> lagi, telpon saya ya?". Teuing ayeuna kamana kartu
> nama pulisi eta.
> 
> Tapi anu jelas salah saurang aktipis mahasiswa UI
> jaman reformasi teh jadi salah saurang aktipis salah
> sahiji partey, malahan mah jadi anggota DPR sagala.
> Ceuk batur kuring anu jadi aktipis di "Mega Center",
> ti saprak  ka DPR/MPR jaman reformasi teh, eta aktipis
> teh cenah mah sok dikakawal ku mobil pulisi ti
> kajauhan.
> 
> Ayeuna pikiran kuring jadi "rada terbuka", sabada aya
> pilkada DKI, dimana aya salah sahiji partey
> ngusungkeun calon mantan pulisi. 
> 
> Ah, ieu mah aanalisaan urang awam, bisa salah pisan.
> jadi tong dipercaya.
> 
> baktos,
> 
> mrachmatrawyani
> 
> --- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Baraya sadayana, kuring meunang japrian ti sasaurang
> > kana thread "Leungiteun 
> > Cecekelan ....", cenah pajarkeun kuring teh "geer"
> > ngaku-ngaku aktivis 
> > mahasiswa taun 1978. Tangtu we kuring teh ngajenghok
> > da teu ngarasa 
> > ngaku-ngaku. Isin atuh da di Kusnet teh aya
> > sababaraha urang nu ampir bareng 
> > sakolana di ITB. Nu kuring apal aya kang WAG, nu
> > wawuh ti keur mahasiswa 
> > keneh, aya kang Engkus Ruswana, (1975) saangkatan
> > jeung kuring. Aya Kang 
> > Dudi Mulyadi (1976)  jeung kang Trias (1978)  nu
> > nembe diangkat jadi kuncen.
> > 
> > Keur ngalempengkeun masalah, sabab terus terang
> > kuring jadi kuram-kireun 
> > kieu, kuring ngaforwardkeun jawaban kuring ka jalmi
> > eta. Kuring moal 
> > nyebutkeun saha-sahana, sabab engke jadi rame deui.
> 
> 
> 
> 
>       
_____________________________________________________________________
_______________
> Luggage? GPS? Comic books? 
> Check out fitting gifts for grads at Yahoo! Search
> http://search.yahoo.com/search?
fr=oni_on_mail&p=graduation+gifts&cs=bz
>


Kirim email ke