Majelis Nasional di Angkara nu impoten, akhirna milih Mustafa Kemal jadi
Presiden kahiji Republik Turki di taun 1923. Presiden Mustafa Kamal
sacepetna NYABUT HAK-HAK ISTEMEWA kakuatan2 asing jeung ngusir Inggris
kaluar ti Turki. Waktu Inggris nyoba rek nyogok ka manehna, Mustafa Kamal
nyentak : " KEMAL LAIN KEUR DIJUAL!"

Sanggeus bebas ti kakuatan asing, mimiti disusun rencana ngarobah Turki nu
tinggaleun jadi nagara modern. Sanajan manehna benci kana
kakuatan-kakuatan "kulon" (Barat) , tapi manehna tetep ngahargaan
teknologi abad ka 20 nu nyababkeun nagara-nagara kulon jadi nagara maju. 
Eukeur ngalempengkeun jalan supaya Turki maju, kapamimpinan manehna
dirobah jadi KADIKTATORAN MUTLAK.

Ka saha wae nu nuduh manehna sarua jeung Diktaktor Italia Mussolini, Kemal
bener-bener ngambek: " Kuring lain ajag di jero kurungan, jeung oge lain
gangster politik!"

Kakalifahan dileungitkeun, kaasup oge SEKTE-SEKTE GEREJA anu laleutik.
Pendidikan dicokot ti para ULAMA. Kalifah sorangan, bari teu make upacara
nanaon, ditalapung ka luar Turki. Dua poe saeenggeusna, kabeh kulawarga
jeung para menak Dinasti Ottaman nu aya keneh di Turki diusir kaluar ti
Turki. Utusan Majelis Nasional anu ngajukeun beungbeurat kana kalakuanana,
teu ampun deui, dipaehan .....

Kaum Muslim anu taat, kahudangkeun kaambekna jeung ngalawan Kemal. Loba
para ulama nu ngarasa risi kana gaya hirup pribadi Kemal, komo waktu
manehna NALAK pamajikanana jeung miara nyai-nyai (=Gundik). Kemal beuki
ngarasa manehna teu dipikaresep deui. Sababaraha kali manehna arek aya anu
maehan. Ayeuna manehna ngarasa bahaya pisan lamun kaluar dihareupeun umum.

Tapi soal "pembahararuan" mah tetep dijalankeun. Pabrik jeung indutri
marucunghul dimana-mana make biaya injeuman ti Luar negeri. Pendidikan
bebas dikenalkeun. HURUF ARAB dipupus diganti HURUF LATIN. Manehna
ngabagikeun dua juta hektar taneuh boga gereja ka patani-patani jeung
ngajadikeun MASJID jadi LEUIT (lumbung pangan).

Turbus - kopeah Turki- ngaleungit ti sirah urang Turki. Pulisi-pulisi
Turki ngan hayang nempo topi-topi model urang Kulon dina sirah urang
Turki. Kerudung jeung cadar di awewe urang Turki KUDU dileupaskeun.
Manehna hayang awewe Turki "nunjukkeun beungeutna ka Dunya".

"Hiji Bangsa moal maju, lamun teu mamawa awewe", Omong manehna. Omongan
manehna ieu dibarengan jeung mere hak sora ka awewe, pagawean jeung
kakayaan ka awewe. Manehna oge ngangkat hakim-hakim awewe, mupus poligami,
ngizinkeun pepegatan nu didasarkeun pamenta awewe.

"Manehna Bapa ti hiji Bangsa nu dilahirkeun deui", ceuk saurang pengamat,
John Gunter, "Patriot sajati sakaligus psikopat nu teu bisa dipercaya!"

Saterusna Gunter nulis, Ku Kemal  Turki  lir ibarat saperti mulung anjing
budug, terus dipiara keur ngajaga imah. Malah leuwih jauh deui ibukota
dipindahkeun ti Istambul nu corak Asia ka Angkara nu dipulas saperti
kota-kota di Eropa.

Misina keur Bangsa Turki jelas pisan. Sagala nu bau-bau Asia goreng,
sagala nu datang ti Kulon (=barat) dipuja-puja. Kemal ngumumkeun poko-poko
pikiranana di Majelis Nasional noron genep poe. Sabagian ti anggota
Majelis Nasional, kukulutus yen sabenerna Kemal ukur mentingkeun diri
sorangan dina nempo kamajuan Turki, tapi lain keur sakabeh bangsa anu
ngora keneh ieu.

Helide Edib, tokoh awewe nu dikagumi (dipikareueus/dipikahelok) ku Kemal,
tungtungna jadi risi jeung benci ka Kemal. Kemal memang kungsi ngomong 
sacara pribadi ka Helide Edib, "Naon nu ku kuring dimaksudkeun, nyaeta
KURING HAYANG UNGGAL JELEMA NURUT NAON ANU KU KURING DIPARENTAHKEUN".
Helide Edib akhirna benci satengah paeh ka  Kemal waktu babaturan deukeut
Helide Edib dipaehan ku Kemal, dituduh khianat.

Lila-lila Kemal kasepian, dijauhan ku para pendukungna. Tanda-tanda umum
DIKTAKTOR SAJATI mimiti katingali dina dirina. Teu beunang dipercaya jeung
PARANOIA. Manehna keuna DEPRESI BEURAT. Hiji waktu manehna kabur tina
pesta keur  ngahormat dirina. Nyupir mobil tarik pisan, sapoe ngaleungit,
duka kamana ....

Tanggal 10 November 1938, Sang Diktaktor wafat akibat panyakit Lever.
Saenggeusna Sang Diktaktor wafat, Rakyat Turki saeutik ngarasa bisa leupas
tina belenggu. Maranehna mimiti bisa nempo segi-segi postif ti TIRANI Bapa
pangadeg Republik Turki ieu. Ayeuna potret atawa lukisan Bapa Turki
(Ataturk = Bapa Turki)  nu  di dasi bodas jeung jas lengkep dipasang
dimana-mana di Turki.

Tapi umpama helok kana kaberhasilan naon nu dipigawe ku Ataturk, eta
sabenerna teu bener kabeh. Baju-baju alus, imah-imah sigrong, dahareun
menu sampurna ukur dipiboga ku golongan elit jeung kelas menengah di
kota-kota. Sabagian gede Rakyat Turki tetep patani-patani nu hirup
malarat.

Sanajan kitu Ataturk mungkin leuwih alus tibatan diktaktor-diktaktor
sejenna. Manehna ngamerdekakeun bangsana tina jajahan asing jeung
ngaluarkeun rakyatna ti abad kadalapan. Kulantaran ajaranana, Turki tetep
NETRAL waktu Perang dunya kadua.

"TURKI UKUR KEUR BANGSA TURKI", kitu cenah omongan Attaturk. Rakyatna moal
tepi ka poho kana eta omonganana.

[Disarikeun tina : "Kisah Para Diktaktor, Jules Archer, 1967]

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke