Leuwih ti hiji mun diitung yen tokoh2 dunya loba nu sinting,ti zaman firaun nepi ka hitler nepi ka beh dieu george w.bush atawa kim jong il, nu matak jadi omongan teh naha bet bisa jadi pamimpin nya nu kitu, cukang lantaran yakin jeung pede meureun nya... naha teu nyalahan ayat yen nu ngawaris dunya teh jelma jelma anu soleh ?
--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > "Dudi Herlianto" <dudi.herlianto@> wrote: > > nuhun bah... nu kapetik ku kuring ti tulisan abah nyaeta. kumaha > > lengkep(sampurnana)na mk salaku manusa. aya kagorengan jeung > > kahadean nu napel na dirina. > > Sami-sami nuhun, manawi teh moal aya nu maca ...hehehehe. Ieu mah > sakadar informasi tambahan we, jeung kaleresan buku nu ku kuring > dibaca, obyektif-saimbang, teu beurat sabeulah. Kemal Ataturk tokoh > sajarah, sarua jeung para pangadeg nagara urang saperti Bung Karno. > Dina nempo tokoh sajarah, nempona meureun kedah PROPOSIONAL, supaya > urang terang kahadeanana nu kudu diteruskeun jeung kagorenganana nu > kudu dipiceun. > > Mustafa Kemal, loba nu mikaresep oge loba nu ngewa, sanajan di Bangsa > Turki sorangan. Kuring kungsi maca dina hiji millis, ceuk nu ngewa > pisan mah cenah waktu sakarat rek maot, Mustafa Kemal kasiksa, panas > ngarasa diduruk, manehna jejeritan siga kuda kalde hihieum, sorana > kadenge ka sakuliah Turki, malah kareungeu tepi ka Mesir ...... > > Baktos, > WALUYA >

